> From: gusaeni
> Tah gening, jadi memang tos ilahar nya kang. Tergantung
> saha anu matenkeun tuheula.

Hihihi ... Newton, Darwin, Einstein ..... jrrd teu matenkeun pamanggihna
Kang, lamun dipatenkeun mah cilaka atuh sakola-sakola di Indonesia ti SD
tepi ka PT kudu mayar hak royalitina. Diaranan kitu teh keur ngahargaan
maranehna. Sains beda jeung dunya politik kang, Dunya Sains, Dunya " NU
PINUH KU KAJUJURAN dina NEANGAN BEBENERAN"

> From: gusaeni
> Perkawis NASA asa kirang pas upami dikaitkeun sareng Evolusi kang. Pan
> eta mah bahasan urang perkawis elmu nu diluhur.

Naha teu relevan? coba aos deui posting kuring. NASA ngirim wahana ruang
angkasa keur neangan kahirupan di Planet Mars. Ku asumsi/ hipotesa naon NASA
bet neangan kahirupan di Mars, lain di Bulan atawa di Venus?.  Hal ieu
didasarkeun ku hipotesis mangkeluk hirup BISA KABENTUK lamun situasi
lingkungan ngadukung (Fisika, kimia jrrd). Hipotesis samodel kieu teh
Hipotesis tina pengembangan Teori Evolusi. Kondisi Mars jeung Bumi
diawal-awalna ampir sarupa (ieu oge hipotesis) ngan ayeuna jadi beda.
Kulantaran kitu "diduga" di Mars aya kahirupan sanajan sederhana (bakteri)
atawa sesana.  NASA percaya jeung hayang ngabuktikeun matakna ngirim wahana
luar angkasa kaditu. Tah lamun enya bener aya kahirupan atawa sesana di
Mars, hartina hipotesis ieu beuki kuat nu hartina Teori Evolusi beuki loba
buktina.

Lamun Akang teu pati ngartos, mangga pilarian di Google atawa artikel dina
koran, naon hartina lamun tepi kapanggih aya kahirupan diluar Dunya .....

> From: gusaeni
> Upami bade uih deui kana teori evolusi, abdi bade naros, cik bukti
> ilmiah anu kumaha anu ngadukung teori evolusi yen mangkeluk awalnya
> teu diciptakeun, tapi aya kusorangan ?

Kang, lain perkara diciptakeun atawa henteuna, Sains mah salawasna mikiran
"proses" kajadianana. Sanajan nyebutkeun DICIPTAKEUN, Sains  bakal tetep
tumanya
kumaha PROSES diciptakeunana? Supaya akang ngarti naon bedana sains (elmu
pangaweruh)  jeung kayakinan (agama), kuring nyokot analogi sederhana kieu :

Aya nu Maot,  kunaon atuh jelema maot?  Jawabanana bisa aya dua jawaban,
gumantung timana nempona:
1. DIPUNDUT KUNU KAGUNGAN, ieu alesan kayakinan (agama), teu salah memang,
kuring oge yakin kana hal ieu. Ieu alesan MUTLAK benerna.

2. GERING, KEUNA KU PANYAKIT, bayahna keuna infeksi kuman TBC, nepi ka
bayahna teu bisa deui nyokot oksigen tina hawa. Ieu alesan Elmu pangaweruh
(kedokteran). Ieu alesan bisa wae salah bisa didebat dipadungdengkeun,
ditalungtik tepi ka kapanggih BEBENERAN. Tapi tetep teu mutlak, bisa wae
dipadungdeungkeun deui.

Cik ceuk akang, pantes henteu dua alesan nomer 1 diadukeun jeung nomor 2?
pantes henteu alesan nu kadua (elmu pangaweruh) disalahkeun? Mangga lenyepan
.....


Baktos,
WALUYA

Kirim email ke