Waluya :
>  Hihihi ... Newton, Darwin, Einstein ..... jrrd teu matenkeun pamanggihna
>  Kang, lamun dipatenkeun mah cilaka atuh sakola-sakola di Indonesia ti SD
>  tepi ka PT kudu mayar hak royalitina. Diaranan kitu teh keur ngahargaan
>  maranehna. Sains beda jeung dunya politik kang, Dunya Sains, Dunya " NU
>  PINUH KU KAJUJURAN dina NEANGAN BEBENERAN"
gusaeni :
Cobi nyimpang kang ka  http://www.me.gatech.edu/energy/andy_phd/one.htm#IE1
Didinya dijelaskeun yen einstein kungsi matenkeun hasil penelitianna.
Perkawis paten aya aturanna kang, paten berlakuna teu sapanjang waktu,
jadi aya batasna. Tah upami batas eta tos kalangkung saha wae tiasa
ngaggo. Hasil panalungtikan einstein tiasa dipelajari kuurang kusabab
tos ngaliwatan batas waktu paten. Ari hasil panalungtikan anu anyar mah
pamohalan bisa dipelajari kuurang.

Waluya :
>  Naha teu relevan? coba aos deui posting kuring. NASA ngirim wahana ruang
>  angkasa keur neangan kahirupan di Planet Mars. Ku asumsi/ hipotesa naon NASA
>  bet neangan kahirupan di Mars, lain di Bulan atawa di Venus?.  Hal ieu
>  didasarkeun ku hipotesis mangkeluk hirup BISA KABENTUK lamun situasi
>  lingkungan ngadukung (Fisika, kimia jrrd). Hipotesis samodel kieu teh
>  Hipotesis tina pengembangan Teori Evolusi. Kondisi Mars jeung Bumi
>  diawal-awalna ampir sarupa (ieu oge hipotesis) ngan ayeuna jadi beda.
>  Kulantaran kitu "diduga" di Mars aya kahirupan sanajan sederhana (bakteri)
>  atawa sesana.  NASA percaya jeung hayang ngabuktikeun matakna ngirim wahana
>  luar angkasa kaditu. Tah lamun enya bener aya kahirupan atawa sesana di
>  Mars, hartina hipotesis ieu beuki kuat nu hartina Teori Evolusi beuki loba
>  buktina.
>  
>  Lamun Akang teu pati ngartos, mangga pilarian di Google atawa artikel dina
>  koran, naon hartina lamun tepi kapanggih aya kahirupan diluar Dunya .....
gusaeni :
Masalah ieu mangrupikeun turunan tina teori evolusi, numutkeun abdi
anu peryogi kuurang dibahas nya teori evolusi dawrin tea kang.

Waluya :
>  Kang, lain perkara diciptakeun atawa henteuna, Sains mah salawasna mikiran
>  "proses" kajadianana. Sanajan nyebutkeun DICIPTAKEUN, Sains  bakal tetep
>  tumanya
>  kumaha PROSES diciptakeunana? Supaya akang ngarti naon bedana sains (elmu
>  pangaweruh)  jeung kayakinan (agama)
gusaeni :
 Tapi inti teori evolusi Darwin pan
"mangkeluk di dunya teh aya ku akibat kabeneran, mangkeluk aya sorangan ti
kondisi alamiah". Tah teori ieu sanes mangrupikeun Hukum Ilmiah oge
fakta anu tos kabuktosan. Tah ieu nu kudu kuurang bahas kang, sok
mangga geura pedar bukti-bukti anu ngadukung teori evolusi darwin teh,
anu ilmiah nya kang ulah sigana atanapi meureun.
Sains bisa dibuktikeun ku akal urang, kayakinan oge bisa dibuktikeun
(rek kumaha yakin upami teu aya buktina).
Jadi agama (Islam) sanes dogma (pamahaman anu dipaksakeun) tapi
agama(Islam) pamahaman anu bisa dibuktoskeun.

Waluya :
>  kuring nyokot analogi sederhana kieu :
>  
>  Aya nu Maot,  kunaon atuh jelema maot?  Jawabanana bisa aya dua jawaban,
>  gumantung timana nempona:
>  1. DIPUNDUT KUNU KAGUNGAN, ieu alesan kayakinan (agama), teu salah memang,
>  kuring oge yakin kana hal ieu. Ieu alesan MUTLAK benerna.
>  
>  2. GERING, KEUNA KU PANYAKIT, bayahna keuna infeksi kuman TBC, nepi ka
>  bayahna teu bisa deui nyokot oksigen tina hawa. Ieu alesan Elmu pangaweruh
>  (kedokteran). Ieu alesan bisa wae salah bisa didebat dipadungdengkeun,
>  ditalungtik tepi ka kapanggih BEBENERAN. Tapi tetep teu mutlak, bisa wae
>  dipadungdeungkeun deui.
>  
>  Cik ceuk akang, pantes henteu dua alesan nomer 1 diadukeun jeung nomor 2?
>  pantes henteu alesan nu kadua (elmu pangaweruh) disalahkeun? Mangga lenyepan
gusaeni :
Sami sareng nu luhur

>  Baktos,
>  WALUYA

wasalam
-gusaeni-



Kirim email ke