> From: gusaeni > Conto teknik pertanian anu tos dilakukeun ku jalma baheula samemeh > darwin, kumaha jalma jaman baheula ngusahakeun pertanian anu unggul > supaya teu kurang dahar. Pemahaman eta muncul kusabab maranehna sadar > mun teu dahar jelema bakal tumpur
Ah si Akang mah, ti baheula keneh oge manusa sadar yen batu teh salawasna ragrag kahandap, moal kaluhur. Tapi kunaon hukum gravitasi sok disebut hukum gravitasi Newton? Sababna Newton nu pangheula bisa nerangkeun kunaon batu muragna bet kahandap, lain kaluhur ....... Balik deui kana perkara teori evolusi. Kuring arek nanya, ku dasar teori hipotesis naon, NASA (Amerika) ngirim wahana luar angkasa ka Mars keur neangan bukti-bukti ayana kahirupan di Mars? Mangga lenyepaneun ...... Baktos, WALUYA

