Waluya :
>  Ah si Akang mah, ti baheula keneh oge manusa sadar yen batu teh salawasna
>  ragrag kahandap, moal kaluhur. Tapi kunaon hukum gravitasi sok disebut hukum
>  gravitasi Newton? Sababna Newton nu pangheula bisa nerangkeun kunaon batu
>  muragna bet kahandap, lain kaluhur .......
gusaeni :
 Tah gening, jadi memang tos ilahar nya kang. Tergantung
 saha anu  matenkeun tuheula.

Waluya :
>  Balik deui kana perkara teori evolusi. Kuring arek nanya,  ku dasar teori
>  hipotesis naon, NASA (Amerika) ngirim wahana luar angkasa ka Mars keur
>  neangan bukti-bukti ayana kahirupan di Mars?  Mangga lenyepaneun ......
gusaeni :
Perkawis NASA asa kirang pas upami dikaitkeun sareng Evolusi kang. Pan
eta mah bahasan urang perkawis elmu nu diluhur.
Upami bade uih deui kana teori evolusi, abdi bade naros, cik bukti
ilmiah anu kumaha anu ngadukung teori evolusi yen mangkeluk awalnya
teu diciptakeun, tapi aya kusorangan ?


>  Baktos,
>  WALUYA

wasalam
-gusaeni-



Kirim email ke