LEUTIK BURIH !!!
lamun ngan wani ngomong ti kajauhan tapi teu wani paamprok jonghok adu
hareupan.
pahareup-hareup  beungeut  silih  tukeuran peureup.

Lamun enya warani, ku kuring di tungguan dina pakalangan HBH 2008.
pek pilih kulit nu ipis, raga nu kabuka.

ulah papanjang-panjang tulisan dina milis hungkul.
lieur macana oge, jeung deui meakeun waktu produktif gawe.

rek kumaha urang sunda majuna lamun gawena ngan ukur ketak-ketik marebutkeun
paisan kosong.

mun edek oge papanggih adu hareupan.

Wani teu ?!!!!




On Tue, Jun 3, 2008 at 12:15 PM, ikmal <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Nyuhunkeun bantosan……..nuju tunggara!!
>
>  Assalamu'alaikum Wr.Wb.
>
>  dina milis ahir ahir iyeu mani haneuteun anu madungdengkeun perkawis
> umum (diluar kasundaan), tapina dina aya pameredih ti sabagean anggahota
> milis naroskeun pamendak ngeunaan HBH mani teu aya pisan anu ngawaler,
> padahal mung disuhunkeun pamendak wungkul, sugan aya usul sareng ideu
> anu tiasa dilalanjahan kanggo ngaraketkeun tali silaturahmi papada urang
> sunda di dunya nyata…..(kadang sim kuring aya hate goreng: boa-boa
> meureun teu merlukeun ngaraketkeun tali silaturahmi paamprok jonghok)
> atuhh mun kitu mah mairan we….abdi mah moal ngiring da bawiraos teu
> peryogi HBH. Tah pamendak sapertos kitu ge panginten pastina ge
> diajenna, janten panata calagra ge terang kereteg pamilon di milis
> iyeu.....hawatos wae atuh ka panata calagra anu tos haat tatathar hoyong
> ngajalankeun HBH, ari iyeu pamilon milis api lain, harianeun.
>
>
> Baktos,
>
> Tabe pun,
>
>
> Ikmal
>
> Note : punten bilih aya anu raheut manah, da kieu buktosna sim kuring
> mah, sing lubar pangampura wae ka sim kuring anu kirang tata kirang
> basa, kirang duduk peryoga.
>
>
> ------------------------------------
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>

Kirim email ke