Geus kawin mah beuki wanian, euy.... abong geus apal tungtung dunya...
siah!!! heuheu...

Harita teh pan tos aya sababaraha calon tempat, di antarana Kampung Budaya
Sindangbarang jeung di Purwakarta. Panginten 'kari' notoskeun jadina milih
nu mana, kalawan pertimbangan naon... Ti panitia kumaha yeuh? Panginten tos
surpey jsb, kumaha kira2na, mending di mana?

Masalah perenah ieu, oge meureun ditangtukeun ku kumaha wangun ieu acara.
Mun nilik nu nggeus2, lolobana nu sumping teh teu tiasa lami2, mung kiat
jam-jaman. Nu kuat manco mah biasana pasukan eded. Mun misalna bade,
sakalian wae dikitukeun. Acarana ditangtoskeun sakitu jam, kawit jam saanu
nepi ka jam saanu. Tah, dina waktos anu teu lami eta, urang jejelan ku rupa2
acara resmi bae, dipadetkeun. Lian ti laporan2 & sambutan2, misalna bae aya
biantara atanapi piwulang ti inohong Sunda, lajeng aya pintonan nanahaon.
Tangtos ari masalah STO mah moal nepi ka poho... heuheu...

Upami misalna di dieu teu jinek/puguh bae, kopdar we atuh sakalian.
Kaleresan Kusnet ge tos lami teu kongres, urang sakalian kongres...
silaturahmi nyacapkeun kapanasaran nu ngagayot di alam maya...

Cikan sugan aya usulan ti nu sanes...

On Tue, Jun 3, 2008 at 2:42 PM, irpan rispandi wrote:

>   LEUTIK BURIH !!!
> lamun ngan wani ngomong ti kajauhan tapi teu wani paamprok jonghok adu
> hareupan.
> pahareup-hareup  beungeut  silih  tukeuran peureup.
>
> Lamun enya warani, ku kuring di tungguan dina pakalangan HBH 2008.
> pek pilih kulit nu ipis, raga nu kabuka.
>
> ulah papanjang-panjang tulisan dina milis hungkul.
> lieur macana oge, jeung deui meakeun waktu produktif gawe.
>
> rek kumaha urang sunda majuna lamun gawena ngan ukur ketak-ketik
> marebutkeun paisan kosong.
>
> mun edek oge papanggih adu hareupan.
>

Kirim email ke