Nyuhunkeun bantosan……..nuju tunggara!! Assalamu’alaikum Wr.Wb.
dina milis ahir ahir iyeu mani haneuteun anu madungdengkeun perkawis umum (diluar kasundaan), tapina dina aya pameredih ti sabagean anggahota milis naroskeun pamendak ngeunaan HBH mani teu aya pisan anu ngawaler, padahal mung disuhunkeun pamendak wungkul, sugan aya usul sareng ideu anu tiasa dilalanjahan kanggo ngaraketkeun tali silaturahmi papada urang sunda di dunya nyata…..(kadang sim kuring aya hate goreng: boa-boa meureun teu merlukeun ngaraketkeun tali silaturahmi paamprok jonghok) atuhh mun kitu mah mairan we….abdi mah moal ngiring da bawiraos teu peryogi HBH. Tah pamendak sapertos kitu ge panginten pastina ge diajenna, janten panata calagra ge terang kereteg pamilon di milis iyeu.....hawatos wae atuh ka panata calagra anu tos haat tatathar hoyong ngajalankeun HBH, ari iyeu pamilon milis api lain, harianeun. Baktos, Tabe pun, Ikmal Note : punten bilih aya anu raheut manah, da kieu buktosna sim kuring mah, sing lubar pangampura wae ka sim kuring anu kirang tata kirang basa, kirang duduk peryoga. ------------------------------------ Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

