Eta anu sok ngahandapkeun kanu emam jengkol sareng peuteuy teh kawitan na ti
golongan anu ngaraos luhur dina edukasi golongan "ambtenaar' di zaman
Walanda. saolah anu ngadahar jengkol jeung peutey teh golongan inlander anu
teu ngarasakeun sakolaan. Sikep ieu ditiru ku US anu age ngarasa leuwih
luhur strata na mah. padahal sacara alamiah mah soal jengkol sareng peutey
mah soal kabeuki/selera..Cik ari tarasi bauna kumaha..audzubillah...Mahal
tetep dibeulian..Rendang Komando alias jengkol mahal..aya nu meuli...peuteuy
kupas aya di Carrefoor..mahal..nasi goreng petai..mahal....

On 1/9/09, Maman Gantra <[email protected]> wrote:
>
>   --- In [email protected] <urangsunda%40yahoogroups.com>, mh
> <khs...@...> wrote:
> >
> > Upama madungdengkeun perkara jengkol, nu sering katempo ku uing aya
> > kesan, saolah-olah jengkol leuwih populer di kalangan urang Sunda
> > dibandingkeun seler sejenna. Padahal nu kaalaman ku uing dina
> > kahirupan, jengkol lain ngan ukur populer di kalangan urang Sunda
> > hungkul, tapi populer oge di seler-seler sejenna.
>
> Leres pisan, Kang. Beuki jengkol bagian tina stereotype (ciri atawa
> watek atawa citra nu sipatna negatif alias kurang hade nu diterapeun
> ka hiji komunitas) ka Bangsa Snnda. Padahal teu sadaya bangsa urang
> sedep jengkol. Salah sawiosna sim kuring -- sanes ku rasana, nanging
> alatan bauna. (Sanaos, dibandin peuteuy, sim kuring langkung milih
> jengkol. Utamina upami disemur atanapi tos diolah).
>
> Mung saatos maos artikel Kang Anwar eta, presepsi sim kuring ngeunaan
> jengkol janten robih: Singhoreng protein nabatina langkung seueur
> manan tempe. Aya jorojoy hoyong ngadamel opak tina tipung jengkol.
> (Kaleresan gaduh kapinini tapis ngadamel opak). Nu janten patarosan:
> Upami eta jengkol dikulub sabaraha balikan sapertos nu diprakkeun ku
> urang Kalsel, naha kadar proteinna teu ngirangan?
>
> Baktos,
> Pun Maman
>
>  
>

Kirim email ke