--- In [email protected], mh <khs...@...> wrote:
>
> Upama madungdengkeun perkara jengkol, nu sering katempo ku uing aya
> kesan, saolah-olah jengkol leuwih populer di kalangan urang Sunda
> dibandingkeun seler sejenna. Padahal nu kaalaman ku uing dina
> kahirupan, jengkol lain ngan ukur populer di kalangan urang Sunda
> hungkul, tapi populer oge di seler-seler sejenna.
Leres pisan, Kang. Beuki jengkol bagian tina stereotype (ciri atawa
watek atawa citra nu sipatna negatif alias kurang hade nu diterapeun
ka hiji komunitas) ka Bangsa Snnda. Padahal teu sadaya bangsa urang
sedep jengkol. Salah sawiosna sim kuring -- sanes ku rasana, nanging
alatan bauna. (Sanaos, dibandin peuteuy, sim kuring langkung milih
jengkol. Utamina upami disemur atanapi tos diolah).
Mung saatos maos artikel Kang Anwar eta, presepsi sim kuring ngeunaan
jengkol janten robih: Singhoreng protein nabatina langkung seueur
manan tempe. Aya jorojoy hoyong ngadamel opak tina tipung jengkol.
(Kaleresan gaduh kapinini tapis ngadamel opak). Nu janten patarosan:
Upami eta jengkol dikulub sabaraha balikan sapertos nu diprakkeun ku
urang Kalsel, naha kadar proteinna teu ngirangan?
Baktos,
Pun Maman