On Fri, Jan 9, 2009 at 11:05 AM, Maman Gantra <[email protected]> wrote:
> --- In [email protected], mh <khs...@...> wrote:
>>
>> Upama madungdengkeun perkara jengkol, nu sering katempo ku uing aya
>> kesan, saolah-olah jengkol leuwih populer di kalangan urang Sunda
>> dibandingkeun seler sejenna. Padahal nu kaalaman ku uing dina
>> kahirupan, jengkol lain ngan ukur populer di kalangan urang Sunda
>> hungkul, tapi populer oge di seler-seler sejenna.
>
> Leres pisan, Kang. Beuki jengkol bagian tina stereotype (ciri atawa
> watek atawa citra nu sipatna negatif alias kurang hade nu diterapeun
> ka hiji komunitas) ka Bangsa Snnda. Padahal teu sadaya bangsa urang
> sedep jengkol. Salah sawiosna sim kuring -- sanes ku rasana, nanging
> alatan bauna. (Sanaos, dibandin peuteuy, sim kuring langkung milih
> jengkol. Utamina upami disemur atanapi tos diolah).
>
> Mung saatos maos artikel Kang Anwar eta, presepsi sim kuring ngeunaan
> jengkol janten robih: Singhoreng protein nabatina langkung seueur
> manan tempe. Aya jorojoy hoyong ngadamel opak tina tipung jengkol.
> (Kaleresan gaduh kapinini tapis ngadamel opak). Nu janten patarosan:
> Upami eta jengkol dikulub sabaraha balikan sapertos nu diprakkeun ku
> urang Kalsel, naha kadar proteinna teu ngirangan?
>

Asana baheula di Bandung aya kurupuk jengkol, duka ayeuna aya keneh kitu?

Tah perkara kandungan gizi kulub jengkol mah jigana uing kedah menta tulung
ka baraya tukang biologi atawa tukang teknologi makanan.

Cing baraya UNPAD, IPB, sugan aya nu kungsi nalungtik kandungan
gizi jengkol.

salam,
mh

Kirim email ke