Tah palebah jengkol si kuring boga pangalaman sabab tos ti babaheula  sedep  ka 
si jengkol  teh. Ceuk majalah TEMPO (duka taun mana) leres pisan si jengkol teh 
tiasa ngirangan panyawat gula darah, oge tiasa ngalancarkeun BAB,  eta teh 
resep ti Tiongkok cenah, Aya nu ngimpokeun ka si kuring yen lamun hayang 
kamarmandi teu bau pisan, cobian nyekreskeun korek api saatosna BAB/BAK pasca 
nuang si jengkol tea......

wass/nana




________________________________
From: H Surtiwa <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Friday, January 9, 2009 11:22:25 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] SEMUR ATI MAUNG


Eta anu sok ngahandapkeun kanu emam jengkol sareng peuteuy teh kawitan na ti 
golongan anu ngaraos luhur dina edukasi golongan "ambtenaar' di zaman Walanda. 
saolah anu ngadahar jengkol jeung peutey teh golongan inlander anu teu 
ngarasakeun sakolaan. Sikep ieu ditiru ku US anu age ngarasa leuwih luhur 
strata na mah. padahal sacara alamiah mah soal jengkol sareng peutey mah soal 
kabeuki/selera. .Cik ari tarasi bauna kumaha..audzubillah ...Mahal tetep 
dibeulian..Rendang Komando alias jengkol mahal..aya nu meuli...peuteuy kupas 
aya di Carrefoor..mahal. .nasi goreng petai..mahal. ...


On 1/9/09, Maman Gantra <mamangantra2000@ yahoo.com> wrote:
--- In urangsu...@yahoogro ups.com, mh <khs...@...> wrote:
> 
> Upama madungdengkeun perkara jengkol, nu sering katempo ku uing aya
> kesan, saolah-olah jengkol leuwih populer di kalangan urang Sunda
> dibandingkeun seler sejenna. Padahal nu kaalaman ku uing dina
> kahirupan, jengkol lain ngan ukur populer di kalangan urang Sunda
> hungkul, tapi populer oge di seler-seler sejenna. 

 Leres pisan, Kang. Beuki jengkol bagian tina stereotype (ciri atawa 
watek atawa citra nu sipatna negatif alias kurang hade nu diterapeun 
ka hiji komunitas) ka Bangsa Snnda. Padahal teu sadaya bangsa urang 
sedep jengkol. Salah sawiosna sim kuring -- sanes ku rasana, nanging 
alatan bauna. (Sanaos, dibandin peuteuy, sim kuring langkung milih 
jengkol. Utamina upami disemur atanapi tos diolah).

Mung saatos maos artikel Kang Anwar eta, presepsi sim kuring ngeunaan 
jengkol janten robih: Singhoreng protein nabatina langkung seueur 
manan tempe. Aya jorojoy hoyong ngadamel opak tina tipung jengkol. 
(Kaleresan gaduh kapinini tapis ngadamel opak). Nu janten patarosan: 
Upami eta jengkol dikulub sabaraha balikan sapertos nu diprakkeun ku 
urang Kalsel, naha kadar proteinna teu ngirangan?

Baktos,
Pun Maman 

 
    


      

Kirim email ke