Lamun bapa kuring mah osok nimang, laguna hayam ngupuk.. salian ti ucang angge teh
From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of Gagak Bandung Sent: Thursday, August 27, 2009 9:24 PM To: [email protected] Subject: Re: [Urang Sunda] Kanggo cep Al-Kindi Di lembur abdi oge, sami kitu mang, geus gubrag teh, bari seuseurian budak menta di ucang angge deui, kitu jeung kitu bae, ah nineung, kacida gumbirana. _____ From: mh <[email protected]> To: [email protected] Sent: Thursday, August 27, 2009 9:09:59 PM Subject: Re: [Urang Sunda] Kanggo cep Al-Kindi ari ucang angge di lembur uing mah kieu: geura cobaan, urang ngagoler nangkarak bengkang, budak sina nangkod kana dua suku urang, diangkat naek-turun ucang-ucangan, bari ngalagu eta. palebah tungtungna, sanggeus 'gog cungungung' ditambahan 'gubrag' bari budak dilesotkeun nambru. mh 2009/8/27 Irpan Rispandi <mr.rispandi@ gmail.com <mailto:[email protected]> > Nuhun kang, :) anu nyaho teh kuring mah ngan Ucang-ucang angge we, nu gede (kolot/lanceuk/ paman/bibi) diuk dina bangku anu rada luhur. sukuna turun ngagantung. budak diuk dina tonggong suku, leungeuna dicekelan ku leungeun nu gede. terus sukuna ucang-ucangan bari nyanyi lagu eta. ari gog gog cungunguuungg. .... si budak diangkat kaluhur he..he..he.. Gagak Bandung wrote: Mangga nyanggakeun kanggo cep Al-Kindi Doa ibu rama Panimang (Raden Machjar Angga Kusumadinata sarimbit) Anaking jungjunan kalbu ! Di doakeun siang wengi Asep teh sing panjang yuswa Salira masing walagri Jeung masing luhur darajat Sabar saleh suci galih ! Mugia sing panjang punjung Mulus bunglus lulus-luis Sing enggal ngageunganana Kasawat masing tarebih Sing damang salalamina Anu kasep ulah rungsing ! Mung Asep jaga geus jangkung Geuwat geura nyiar ‘ilmi Pangarti nu mangpa’at Anggoeun obor di lahir Jeung elmu pikeun acherat Kudu sungsi sing kaharti ! Sanajan urang jinungjung Luhur pangkat sugih-mukti Upama agama tuna Tinangtu urang balai Cilaka di acheratna Moal meunang rahmat Gusti Duh kasep jungjunan kalbu ! Didu’akeun siang wengi Asep teh sing narawangan Sing caang padang panggalih Mugia sapapanjangna Dipikawelas ku yang Widi ! Mepende Ayun-ambing (RMA Kusumadinata) Ayun ambimg, ayun ambing ! Ayun ambing lila nyaring ! Mana nyanding ku disanding ! Ayun puntang, ayun puntang ! Ayun puntang lila hudang ! Mana hudang ku diteang ! Ocon Ucang Angge Ucang-ucang angge Mulung muncang ka parangge Digogog ku anjing gede Anjing gede nu Mang Lebe Anjing leutik nu Ki Santri Ari gog, gog cungungung … Hapunten

