ari ucang angge di lembur uing mah kieu: geura cobaan, urang ngagoler nangkarak bengkang, budak sina nangkod kana dua suku urang, diangkat naek-turun ucang-ucangan, bari ngalagu eta. palebah tungtungna, sanggeus 'gog cungungung' ditambahan 'gubrag' bari budak dilesotkeun nambru. mh
2009/8/27 Irpan Rispandi <[email protected]> > > > Nuhun kang, :) > > anu nyaho teh kuring mah ngan Ucang-ucang angge we, nu gede > (kolot/lanceuk/paman/bibi) diuk dina bangku anu rada luhur. sukuna turun > ngagantung. budak diuk dina tonggong suku, leungeuna dicekelan ku leungeun > nu gede. terus sukuna ucang-ucangan bari nyanyi lagu eta. > ari gog gog cungunguuungg..... si budak diangkat kaluhur he..he..he.. > > > Gagak Bandung wrote: > > > > Mangga nyanggakeun kanggo cep Al-Kindi > > > > Doa ibu rama** > > *Panimang* > > (Raden Machjar Angga Kusumadinata sarimbit) > > > > Anaking jungjunan kalbu ! > > Di doakeun siang wengi > > Asep teh sing panjang yuswa > > Salira masing walagri > > Jeung masing luhur darajat > > Sabar saleh suci galih ! > > > > Mugia sing panjang punjung > > Mulus bunglus lulus-luis > > Sing enggal ngageunganana > > Kasawat masing tarebih > > Sing damang salalamina > > Anu kasep ulah rungsing ! > > > > Mung Asep jaga geus jangkung > > Geuwat geura nyiar ‘ilmi > > Pangarti nu mangpa’at > > Anggoeun obor di lahir > > Jeung elmu pikeun acherat > > Kudu sungsi sing kaharti ! > > > > Sanajan urang jinungjung > > Luhur pangkat sugih-mukti > > Upama agama tuna > > Tinangtu urang balai > > Cilaka di acheratna > > Moal meunang rahmat Gusti > > > > Duh kasep jungjunan kalbu ! > > Didu’akeun siang wengi > > Asep teh sing narawangan > > Sing caang padang panggalih > > Mugia sapapanjangna > > Dipikawelas ku yang Widi ! > > > > Mepende > > *Ayun-ambing* > > (RMA Kusumadinata) > > > > Ayun ambimg, ayun ambing ! > > Ayun ambing lila nyaring ! > > Mana nyanding ku disanding ! > > > > Ayun puntang, ayun puntang ! > > Ayun puntang lila hudang ! > > Mana hudang ku diteang ! > > > > Ocon > > *Ucang Angge* > > > > Ucang-ucang angge > > Mulung muncang ka parangge > > Digogog ku anjing gede > > Anjing gede nu Mang Lebe > > Anjing leutik nu Ki Santri > > Ari gog, gog cungungung … > > > > Hapunten > > > > > >

