amiin... nuhun kang :)
Urang Sunda Hudang Euyyy wrote: > > wilujeng atuh kang irpan.. mugia sing janten anak anu sholeh > amin aamin ya robbal alamin > > 2009/8/24 Irpan Rispandi > > "Kiri, kuda-kuda depan, ha !!!" > Mas Asep, salah saurang pelatih di kolat, mere aba-aba. Barudak > peserta > ujian, ngalakukeun gerakan anu di parentahkeun ku manehna. Motor > kuring > asup ka palataran hiji sakola SMK di daerah jakarta pusat. harita di > palataran sakola teh keur aya acara uji coba, lamun di kampus mah mid > test meureun. Uji coba teh salah sahiji bagian tina kurikulum latihan > Perguruan Silat Merpati Putih. Kuring memang pernah aktif di kolat > (kelompok latihan) ieu, jadi sawaktu aya acara, kuring sok > dibejaan. Ti > saprak kawin, kegiatan kuring di merpati putih memang vakum, > sanajan ari > kahareup mah hayang aktif deui. Lain ku lantaran hayang sakti > he..he..he.. ieu mah itung-itung olahraga we bari silaturahmi > bersosialisasi. Kuring datang jam 9-an peuting, anu keur diuji teh > masih > murid-murid tingkat dasar.

