Mangga nyanggakeun kanggo cep Al-Kindi
 
Doa ibu rama
Panimang
(Raden Machjar Angga Kusumadinata sarimbit)
 
Anaking jungjunan kalbu !
Di doakeun siang wengi
Asep teh sing panjang yuswa
Salira masing walagri
Jeung masing luhur darajat
Sabar saleh suci galih !
 
Mugia sing panjang punjung
Mulus bunglus lulus-luis
Sing enggal ngageunganana
Kasawat masing tarebih
Sing damang salalamina
Anu kasep ulah rungsing !
 
Mung Asep jaga geus jangkung
Geuwat geura nyiar ‘ilmi
Pangarti nu mangpa’at
Anggoeun obor di lahir
Jeung elmu pikeun acherat
Kudu sungsi sing kaharti !
 
Sanajan urang jinungjung 
Luhur pangkat sugih-mukti
Upama agama tuna
Tinangtu urang balai
Cilaka di acheratna
Moal meunang rahmat Gusti
 
Duh kasep jungjunan kalbu !
Didu’akeun siang wengi
Asep teh sing narawangan
Sing caang padang panggalih
Mugia sapapanjangna
Dipikawelas ku yang Widi !
 
Mepende
Ayun-ambing
(RMA Kusumadinata)
 
Ayun ambimg, ayun ambing !
Ayun ambing lila nyaring !
Mana nyanding ku disanding !
 
Ayun puntang, ayun puntang !
Ayun puntang lila hudang !
Mana hudang ku diteang !
 
Ocon
Ucang Angge
 
Ucang-ucang angge
Mulung muncang ka parangge
Digogog ku anjing gede
Anjing gede nu Mang Lebe
Anjing leutik nu Ki Santri
Ari gog, gog cungungung …
 
Hapunten


      

Kirim email ke