Kumaha kang, kawihna hayam ngupuk teh ?



________________________________
From: Ii Sumirat N. <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Friday, August 28, 2009 1:56:29 PM
Subject: RE: [Urang Sunda] Kanggo cep Al-Kindi

  
Lamun bapa kuring mah osok nimang, laguna hayam ngupuk.. salian ti ucang angge 
teh 
 
From:urangsu...@yahoogro ups.com [mailto:urangsunda@ yahoogroups. com] On 
Behalf Of Gagak Bandung
Sent: Thursday, August 27, 2009 9:24 PM
To: urangsu...@yahoogro ups.com
Subject: Re: [Urang Sunda] Kanggo cep Al-Kindi
 
  
Di lembur abdi oge, sami kitu mang, geus gubrag teh, bari seuseurian budak 
menta di ucang angge deui, kitu jeung kitu bae, ah nineung, kacida gumbirana. 
 

________________________________

From:mh <khs...@gmail. com>
To: urangsu...@yahoogro ups.com
Sent: Thursday, August 27, 2009 9:09:59 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Kanggo cep Al-Kindi

  
ari ucang angge di lembur uing mah kieu:
geura cobaan, urang ngagoler nangkarak bengkang, 
budak sina nangkod kana dua suku urang,
diangkat naek-turun ucang-ucangan, bari ngalagu eta.
palebah tungtungna, sanggeus 'gog cungungung'
ditambahan 'gubrag' bari budak dilesotkeun nambru.
mh


2009/8/27 Irpan Rispandi <mr.rispandi@ gmail.com>


Nuhun kang, :)

anu nyaho teh kuring mah ngan Ucang-ucang angge we, nu gede (kolot/lanceuk/ 
paman/bibi) diuk dina bangku anu rada luhur. sukuna turun ngagantung. budak 
diuk dina tonggong suku, leungeuna dicekelan ku leungeun nu gede. terus sukuna 
ucang-ucangan bari nyanyi lagu eta.
ari gog gog cungunguuungg. .... si budak diangkat kaluhur he..he..he.. 


Gagak Bandung wrote: 
  
 
Mangga nyanggakeun kanggo cep Al-Kindi
 
Doa ibu rama
Panimang
(Raden Machjar Angga Kusumadinata sarimbit)
 
Anaking jungjunan kalbu !
Di doakeun siang wengi
Asep teh sing panjang yuswa
Salira masing walagri
Jeung masing luhur darajat
Sabar saleh suci galih !
 
Mugia sing panjang punjung
Mulus bunglus lulus-luis
Sing enggal ngageunganana
Kasawat masing tarebih
Sing damang salalamina
Anu kasep ulah rungsing !
 
Mung Asep jaga geus jangkung
Geuwat geura nyiar ‘ilmi
Pangarti nu mangpa’at
Anggoeun obor di lahir
Jeung elmu pikeun acherat
Kudu sungsi sing kaharti !
 
Sanajan urang jinungjung 
Luhur pangkat sugih-mukti
Upama agama tuna
Tinangtu urang balai
Cilaka di acheratna
Moal meunang rahmat Gusti
 
Duh kasep jungjunan kalbu !
Didu’akeun siang wengi
Asep teh sing narawangan
Sing caang padang panggalih
Mugia sapapanjangna
Dipikawelas ku yang Widi !
 
Mepende
Ayun-ambing
(RMA Kusumadinata)
 
Ayun ambimg, ayun ambing !
Ayun ambing lila nyaring !
Mana nyanding ku disanding !
 
Ayun puntang, ayun puntang !
Ayun puntang lila hudang !
Mana hudang ku diteang !
 
Ocon
Ucang Angge
 
Ucang-ucang angge
Mulung muncang ka parangge
Digogog ku anjing gede
Anjing gede nu Mang Lebe
Anjing leutik nu Ki Santri
Ari gog, gog cungungung …
 
Hapunten
 


 
 



      

Kirim email ke