Di lembur abdi oge, sami kitu mang, geus gubrag teh, bari seuseurian budak menta di ucang angge deui, kitu jeung kitu bae, ah nineung, kacida gumbirana.
________________________________ From: mh <[email protected]> To: [email protected] Sent: Thursday, August 27, 2009 9:09:59 PM Subject: Re: [Urang Sunda] Kanggo cep Al-Kindi ari ucang angge di lembur uing mah kieu: geura cobaan, urang ngagoler nangkarak bengkang, budak sina nangkod kana dua suku urang, diangkat naek-turun ucang-ucangan, bari ngalagu eta. palebah tungtungna, sanggeus 'gog cungungung' ditambahan 'gubrag' bari budak dilesotkeun nambru. mh 2009/8/27 Irpan Rispandi <mr.rispandi@ gmail.com> > >Nuhun kang, :) > >anu nyaho teh kuring mah ngan Ucang-ucang angge we, nu gede (kolot/lanceuk/ >paman/bibi) diuk dina bangku anu rada luhur. sukuna turun ngagantung. budak >diuk dina tonggong suku, leungeuna dicekelan ku leungeun nu gede. terus sukuna >ucang-ucangan bari nyanyi lagu eta. >ari gog gog cungunguuungg. .... si budak diangkat kaluhur he..he..he.. > > >Gagak Bandung wrote: > >> >> >>Mangga nyanggakeun kanggo cep Al-Kindi >> >>Doa ibu rama >>Panimang >>(Raden Machjar Angga Kusumadinata sarimbit) >> >>Anaking jungjunan kalbu ! >>Di doakeun siang wengi >>Asep teh sing panjang yuswa >>Salira masing walagri >>Jeung masing luhur darajat >>Sabar saleh suci galih ! >> >>Mugia sing panjang punjung >>Mulus bunglus lulus-luis >>Sing enggal ngageunganana >>Kasawat masing tarebih >>Sing damang salalamina >>Anu kasep ulah rungsing ! >> >>Mung Asep jaga geus jangkung >>Geuwat geura nyiar ‘ilmi >>Pangarti nu mangpa’at >>Anggoeun obor di lahir >>Jeung elmu pikeun acherat >>Kudu sungsi sing kaharti ! >> >>Sanajan urang jinungjung >>Luhur pangkat sugih-mukti >>Upama agama tuna >>Tinangtu urang balai >>Cilaka di acheratna >>Moal meunang rahmat Gusti >> >>Duh kasep jungjunan kalbu ! >>Didu’akeun siang wengi >>Asep teh sing narawangan >>Sing caang padang panggalih >>Mugia sapapanjangna >>Dipikawelas ku yang Widi ! >> >>Mepende >>Ayun-ambing >>(RMA Kusumadinata) >> >>Ayun ambimg, ayun ambing ! >>Ayun ambing lila nyaring ! >>Mana nyanding ku disanding ! >> >>Ayun puntang, ayun puntang ! >>Ayun puntang lila hudang ! >>Mana hudang ku diteang ! >> >>Ocon >>Ucang Angge >> >>Ucang-ucang angge >>Mulung muncang ka parangge >>Digogog ku anjing gede >>Anjing gede nu Mang Lebe >>Anjing leutik nu Ki Santri >>Ari gog, gog cungungung … >> >>Hapunten >> > > >

