ngiring bingah kang irpan...mugia si Jalu teh sing manfaat kanggo kulawarga 
masyarakat sareng nagara sapertos harepan akang sakulawargi amiin..doana we sim 
kuring ge teu acan dipaparin ieu teh, ari laku mah atos da he he he...!!




________________________________
From: Irpan Rispandi <[email protected]>
To: [email protected]
Cc: [email protected]
Sent: Monday, August 24, 2009 8:55:19 AM
Subject: [Urang Sunda] Al-Kindi anak kahiji [1 Attachment]

  
[Attachment(s) from Irpan Rispandi included below] 


"Kiri, kuda-kuda depan, ha !!!"
Mas Asep, salah saurang pelatih di kolat, mere aba-aba. Barudak peserta 
ujian, ngalakukeun gerakan anu di parentahkeun ku manehna. Motor kuring 
asup ka palataran hiji sakola SMK di daerah jakarta pusat. harita di 
palataran sakola teh keur aya acara uji coba, lamun di kampus mah mid 
test meureun. Uji coba teh salah sahiji bagian tina kurikulum latihan 
Perguruan Silat Merpati Putih. Kuring memang pernah aktif di kolat 
(kelompok latihan) ieu, jadi sawaktu aya acara, kuring sok dibejaan. Ti 
saprak kawin, kegiatan kuring di merpati putih memang vakum, sanajan ari 
kahareup mah hayang aktif deui. Lain ku lantaran hayang sakti 
he..he..he.. ieu mah itung-itung olahraga we bari silaturahmi 
bersosialisasi. Kuring datang jam 9-an peuting, anu keur diuji teh masih 
murid-murid tingkat dasar.

HP kuring gugurubugan, sihoreng aya SMS asup, ti pamajikan, update 
lokasi he..he..he.. . ku kuring di telepon ngabejaan yen kuring geus tepi 
di JP - nickname na eta SMK -. Pamajikan kuring carita, keur 
leuleumpangan cenah, sabab geus karasa mules beuteungna. Harita tanggal 
15 Agustus 2009, pamajikan kuring geus dua minggu aya di imah kolotna di 
Bogor. Manehna keur cuti melahirkan. Kakandungannana ayeuna geus bulan 
alaeun, ngan kari ngitung poe. Ceuk perkiraan dokter mah lahiran teh 
sekitar tanggal 18 agustus.
Kira-kira jam 1.30 janari, anu keur ujian teh murid tingkat II jeung 
tingkat III, HP gugurubugan deui, aya SMS ti Kiki, dulur misan 
pamajikan. "Kang, teh Yeni tos karasaeun ...." cenah. Maca SMS kitu, 
kuring rada nyiak. Harita keneh kuring mangprung ka Bogor. Sajajalan 
kuring ngado'a ka Pangeran, ulah nepika siga dina film, pamajikan keur 
ngalahirkeun, salakina kacilakaan he..he..he.. . Alhamduillah kuring 
salamet nepi ka imah mitoha, sanggeus 2,5 jam kana motor, mapai jalan 
Jakarta-Bogor.

Nepi ka imah mitoha jam 4 subuh, anu muka panto Teguh, adina pamajikan. 
Si tetehna tos dibidan cenah, nya ku manehna kuring dianteur ka imahna 
bidan. "Bidan Wastini", plang leutik warna bodas tulisana hideung nanceb 
hareupeun hiji imah gedong sisi jalan. Bidan Wastini teh bisa disebut 
bidan keluarga besar Haji Rasyid, buyutna pamajikan. Ampir kabeh anggota 
keluarga besar anu ngalahirkeun, dibidanan ku bidan Wastini. Manehna 
memang geus welasan taun muka praktek di ieu lembur, sanajan ari aslina 
mah ti Luragung, Kuningan. Kuring memang ngahaja teu ka Rumah Sakit, 
lantaran suudzon he..he..he..
Kuring pernah ningali berita, aya awewe anu lahiran di sesar, tapi 
sanggeus sesar eta awewe teh jadi lumpuh. Manehna jadi korban 
malpraktek. Salian ti eta, babaturan kuring di pagawean oge loba anu 
carita, yen di rumah sakit kadang-kadang sok aya "kongkalingkong" . 
Puguh-puguh bisa lahir normal,
tapi tetep we direkomendasikeun sesar. Sabab biaya lahiran normal jeung 
sesar bedana jauh. Tangtu we oknum rumah sakit mah milih sesar, sangkan 
duitna gede. Salian ti eta, kuring rada hariwang, saha nu ngajamin 
tenaga medis di rumah sakit teh bener-bener berkualitas. Kahariwang 
kuring cukup beralasan, sabab ningali barudak mahasiswa ayeuna, teu 
saeutik anu kuliahna teh sangeunahna, sanajan tangtu teu kabeh kitu. 
Loba mahasiswa anu beuki dugem, kumpul kebo, tawuran jsb. Anu awewena 
jadi ayam kampus, pikeun ngabiayaan gaya hirupna anu 'modern'. Masalah 
kuliah, bisa diatur, asal aya duit, peunteun sabaraha wae ge bisa, 
hayang AAA+++ oge bisa siganateh. he..he..he.. Aya deui kieu, kuring 
mensinyalir aya jalma anu ngarasa 'nggak keren' lamun lahiran henteu di 
rumah sakit teh.
Lamun lahiran teu di rumah sakit, gengsi dong !
Tah nu ieu komo, kuring mah teu panuju pisan. Gengsi...makan tuh gengsi 
! he..he..he.. .

Dina hal lahiran, kuring kadang sok mangherankeun, naha loba awewe anu 
lahiranna di sesar. Sanajan eta sesar teh memang jalan anu kudu 
dilakukeun, ceuk tinjauan medis, lain ukur 'permainan' rumah sakit 
hungkul. Tapi naha bet jadi kudu sesar? kapanan Allah nyiptakeun awak 
manusa teh sampurna pisan. Tah tangtu dina hal ngalahirkeun oge, ku 
Allah geus dirancang sampurna. Tapi naha bet jadi kudu make cara sesar? 
Eta cenah posisi janin sungsang, atawa bla bla bla hasil pemeriksaan 
medis anu intina, lamun teu disesar bisa ngabahayakeun janin jeung 
indungna. Tah dina palebah dieu urang kudu introspeksi diri. Urang kudu 
nginget-nginget hal-hal naon wae anu nyababkeun "kondisi berbahaya" 
pikeun janin jeung indungna. Bisa wae gaya hirup si ibu anu caliweura, 
bisa oge lingkungan anu kurang sehat, jeung sajabana. Sabab-sabab pasti 
na mah kuring teu nyaho, da lain dokter. he..he..he..

Di imah bu Bidan teh aya ruangan husus mangrupa klinik leutik. Di jerona 
aya tilu ranjang beusi siga nu sok aya di rumah sakit jeung hiji 
ranjang/box leutik keur orok. Gigireun ranjang aya tabung oksigen gede, 
sagede tabung tukang las. Dina tunjangeun ranjang aya rak obat-obatan, 
oven jeung laci anu eusina peralatan bedah. Jadi sanajan 'kelas Bidan', 
tapi peralatan medisna cukup lengkep.
Barang asup, kasampak pamajikan kuring keur ngagoler dina salah sahiji 
ranjang, bari nyangigir ka katuhu. Pamajikan kuring carita, mulai karasa 
mulesna jam 8 peuting tadi cenah. Tapi nya kitu, intervalna masih lila, 
sekitar 15 menitan. Mules...henteu deui, sanggeus 15 menit karek karasa 
mules deui, kitu we. Kuring nungguan di dinya nepi ka wanci balebat. 
Sanggeus di pariksa, ceuk bu bidan can bukaan-bukaan acan cenah, mending 
balik we heula, ke lamun geus karasa sering pisan mulesna, karek datang 
deui. Bu Bidan nyarankeun sangkan pamajikan loba leuleumpangan ameh ke 
pas lahiran lancar. Geus puguh kitu mah, nya pamajikan teh dibawa balik 
deui we ka imah.

Kurang leuwih jam 1 beurang, pamajikan kuring beuki sering ngarasa 
mulesna, harita keneh bu bidan di jemput ku si Teguh. Bukaan 3, cenah 
ceuk bu bidan sanggeus mariksa. Biasana, bukaan teh nambah tiap sa-jam. 
Jadi lamun make perhitungan standar, lahiran teh sekitar jam 9 peuting. 
Tapi biasana mah memeh jam sakitu oge geus lahir. Ku sabab lila keneh 
nya bu Bidan balik deui ka imahna.
Kira-kira wanci ashar, pamajikan ngabejaan, yen geus mimiti kaluar 
lendir campur getih cenah. Atuh harita keneh pamajikan dibawa ka imah 
bidan deui. Anu marengan ka bidan teh, mitoha awewe, nini jeung bibi 
pamajikan, jeung Rini, kapi bibi, anakna adina nini pamajikan (iklan 
banget he..he..he.. ). Nya kitu, alhamdulillah kulawarga besar pamajikan 
teh ngajaga pisan tali silaturrahmi. Keur mah memang, imah na teu 
jararauh, masih salingkup lembur eta. Barudak na oge, arulinna teh tara 
jeung batur, tapi masih jeung dulur-dulur keneh. Rini, sanajan kaitung 
kapi bibi, tapi umurna sahandapeun pamajikan. Manehna teh babaturan 
curhat jeng ngerumpi pamajikan kuring lamun keur di lembur.

Jam 5 sore, pamajikan geus mulai ngaharegung nahan kanyeri, 
lafadz-lafadz dzikir diucapkeun ku manehna paselang jeung haregung. 
Kuring nangtung dina gigireuna beulah kenca, ngusapan kesang dina 
tarangna ku tisu. Gigireun kuring, indungna jeung ninina ngusapan bari 
ngupahan. Gigireun beulah katuhu, bibina nyekelan leungeuna. Gigireun 
bibina, bu bidan mariksa. Geus bukaan 9 cenah, saeutik deui.
Alhamdulillah, sanajan ngarasakeun kanyeri nu taya hinggana, tapi 
pamajikan masih 'fully under control'. Manehna teu nepi ka jejeritan. 
Malah sakapeung mah bisa males banyolan bu bidan. Harita kuring mikir, 
berarti kondisi psikologis anu nyaman, penting pisan pikeun awewe anu 
keur ngajuru. Hal ieu kacontoan ku pamajikan. Manehna siap, percaya 
diri jeung ngarasa nyaman, sabab dilingkung ku jalma-jalma anu mikanyaah 
manehna. Aya Indungna, aya ninina, aya bibina, aya sobatna, aya kuring. 
Manehna hanteu ngarasa sorangan dina nyanghareupan ngajuru. Di luar 
hujan gede.....

Allahu akbar, Allahu akbar ..... Adzan maghrib tina speaker mesjid 
tukangeun imah bu bidan kadenge handaruan. Sora adzan pacampur jeung 
seahna sora hujan, anu harita turun gede pisan. Dina tengah-tengah 
adzan, kadenge koceakna budak orok anu karek gumelar ka alam dunya. Anak 
kuring. Lalaki. Lahirna kabeulit tali ari-ari nepi ka dua beulit. Tapi 
alhamdulillah, Allah teu ngeursakeun hal nu pikasediheun, tapi 
ngersakeun pikabungaheun. Eta orok teh salamet, kitu deui indungna.
Ahad, 16 Agustus 2009 wanci maghrib, anak si Irpan nu kahiji gumelar ka 
alam dunya...

"Resi? lain resi mah lamun urang ngirim wesel, sok aya resina. embung 
ah..maenya anak yeni dingaranan resi. haduh lamun ngadenge resi teh 
kabayang kertas tanda terima. embung ah..."
Pamajikan kuring protes.he..he. .he... Waktu umur kakandungan keur ngora 
keneh, kuring geus ngadiskusikeun pingaraneun budak. Kuring hayang boga 
anak tilu, lalaki awewe lalaki. Tiluanana dikonsep ngabogaan widang 
masing-masing.
Nu kahiji nu cikal, manehna anu pang gedena, kudu jadi panutan 
adi-adina, kudu jadi conto, sakaligus panggeuing. Ku kituna anak kuring 
nu kahiji kudu jadi jalma anu wijaksana tur luhur elmuna.
Nu kadua nu tengah, manehna aya di tengah-tengah. Kudu hade ka lanceuk 
nyaah ka adi. Jadi pengayom dua-duana. Manehna oge jadi perlambang / ruh 
tina sifat dua lanceuk jeung adina. (nu ieu mah kuring rada hese 
nerangkeuna he..he..he.. .)
Nu katilu nu bungsu, manehna ngawakilan budak ngora, pinuh energi pikeun 
ngalakukeun perubahan-perubahan .

FYI, konsep ieu geus lila kapikir ku kuring, jauh samemeh aya postingan 
ngeunaan "Resi, Rama, Ratu" di milis. Sanggeus maca postingan di milis, 
kuring beuki bungah, sabab konsep/pikiran kuring ternyata tibaheula 
keneh geus aya he..he..he..

Pikeun anak kahiji kuring ngajukeun dua ngaran:
- Muhammad Resi Raspati
- Muhammad Aristoteles Alkindi

Ngaran anu kahiji, ngabogaan cita-cita luhur, anak kuring ngabogaan 
sifat Resi anu luhur ku elmu jeung wijaksana. Salian ti eta manehna oge 
Raspati, gagah narik ati. Siapa dulu dong bapaknya he..he..he.. .
Sedengkeun ngaran anu kadua, kuring make ngaran Ilmuwan Yunani abad 4SM 
nyaeta Aristoteles jeung Al-Kindi, Ilmuwan muslim di abad 9 M ( 
http://en.wikipedia .org/wiki/ Alkindi ) . Duanana teh mangrupa ahli lain 
ngan dihiji widang elmu, tapi loba. Ku nerapkeun ngaran maranehna ka 
anak kuring, mudah-mudahan Allah ngersakeun anak kuring jadi salah 
saurang ulil albab, jalma anu salilana berfikir, nafakuran 
ciptaan-ciptaan Allah SWT, terus hasilna bisa diamalkeun pikeun 
kamaslahatan umat manusa di alam dunya.
Duanana make ngaran Muhammad. Eta teh mangrupakeun pangjaga. Sacara 
harfiah kecap Muhammad teh hartina kurang leuwih 'terpuji' (lamun salah 
benerkeun nya). Jadi anak kuring ngabogaan sifat-sifat anu terpuji. 
Manehna pinter, tapi teu kabalinger, teu minteran batur komo ngabobodo 
batur mah. Sarengkak saparipolahna estu matak dipuji batur, dipuji lain 
lantaran pupujieun, tapi lantaran ahlakna anu hade.
Sedengkeun makna sejena, urang ge geus pada nyaho, Muhammad teh ngaran 
manusa utama, kakasih Allah, Rosul panutup, anu nyampurnakeun ahlak 
manusa. Ku ngalarapkeun ngaran agung ieu, mugia Allah ngajadikeun anak 
kuring ngabogaan sifat-sifat anu sarua jeung Muhammad rosululloh.

Ku sabab ngaran kahiji diprotes ku pamajikan, atuh anu dipake teh nya 
ngaran anu kadua.

"Muhammad Aristoteles Alkindi", ngaran panggilana 'Al-Kindi'

Dina ngaran eta, ngancik harepan jeung do'a kuring salaku kolotna, 
sangkan anak kuring jadi jalma nu utama. Amiin...




      

Kirim email ke