----- Original Message ----- 
From: "Nenen" <[EMAIL PROTECTED]>
>
> Kumaha kang Waluya daramang ?
>
Alhamdulillah pangesto Teh Nenen, kumaha sawalerna? kantos mulih henteu ka 
lembur?. Di lembur mah geura langkung seueur bangsa dedemit teh, komo 
"dedemit" nu dikantor-kantor mah, parantos ngalangkungan "kuota" 
....hehehehe. Duh hawatos teuing atuh di bumi aya nu "ngageugeuh"na mah. 
Tapi keun we asal ulah ngaganggu. Ari kuring mah ngabayangkeun bumi nu 
dianggo Teh Nenen teh, jiga bumi nu aya jurigan dina film, bumina, bumi 
heubeul, dikurilingan ku tangkal camara, aya halimun jeung salju turun.  Teh 
Nenen nuju siduru hareupeun hawu, Hawar-hawar aya sora ajag babaung ti 
kajauhan,  panto jeung jandela ticareket katebak angin. Terus jandela muka 
lalaunan ........................ah tong diteraskeun, kuringna oge jadi 
ngiringan keueung ......hehehehe.

Teh, upami teu lepat mah, Tuang Rama teh mantan Walikota Bogor atanapi 
Bupati Bogor kitu? ........cik lah pangnaroskeun ka Tuang Rama, kumaha tah 
konsep megapolitan Jakarta teh. Eh tapi Teh Nenenna oge di CA nya, sanes di 
INA, keun we ngobrolkeun eta mah engke deui ....ah.............

Baktos,
WALUYA 



http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke