atuh ari kitu mah moal burung "hurup cacarakan" oge asalna ti urang nya, eta 
geuning Prabu Dewata Cengakar-na aya di urang atuh Aji Saka-na ge aya, minangka 
titimangsa di ngawitanana panggalan Saka, taun ka 78 masehi kitu? 

wassalam
dudi_ss
  ----- Original Message ----- 
  From: ilen kardani 
  To: [email protected] 
  Sent: Tuesday, October 21, 2008 2:08 PM
  Subject: Re: Bls: [kisunda] Bendara Sunda Versi si kuring


  Juragan sadayana,



  Kuring kantos mairan ngeunaan bandera Sunda sababaraha waktos kapengker 
pakait sareng pangeling-ngeling pananggalan taun Saka, wirehna bandera anu 
kungsi dikelebetkeun di Galuh nyaeta bandera Sura Suci anu nandaan balikna deui 
kakawasaan Galuh ka Prabu Dewata Cengkar. Sura Suci ayeuna geus diterapkeun 
jadi Bandera Nasional , jadi kudu reueus wirehna Bandera Urang Sunda geus 
dipake jadi simbol nagara, oge disarengan ku dasar nagarana 
Pancasila.........eta teh nu Urang Sunda, kudu diampihan lamun embung diampihan 
ku deungeun-deungeun balangbangan.



  Kuring mah era ku Sukarno anu sakitu tigin nyepeng pikukuh karuhun Sunda.



  ----- Original Message ----
  From: Roza Rahmadjasa Mintaredja <[EMAIL PROTECTED]>
  To: [email protected]
  Sent: Monday, October 20, 2008 6:15:22 PM
  Subject: Re: Bls: [kisunda] Bendara Sunda Versi si kuring

        bukti warna hideung sacara universal...
        baju wasit sepak bola baheula hideung-hideung,
        keputusan wasit, tetep!
        teu bisa diganggu gugat...ok?
        aya ogen di arsitektur/seni mah lambang dignity/wiwaha
        ari baduy/kanekes geus puguh, tetep 
        pondok teu meunangdipotong, 
        panjang teu meunang disambung
        kabeh tetep pengkuh dina ajaranan
        ngan pikiraneun teh...
        naha bet sarua?
        atawa aya nu mawa mimitina saha?
        he33x!
        ...oca tea...

        --- On Mon, 10/20/08, engkus ruswana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

          From: engkus ruswana <[EMAIL PROTECTED]>
          Subject: Bls: [kisunda] Bendara Sunda Versi si kuring
          To: [email protected]
          Date: Monday, October 20, 2008, 2:23 AM


                Walaaaah....., baruk.... eta mah bandera Arab atuh asa kurang 
pantes mun jadi bandera Sunda, geura tingali bendera nagara Arab Saudi, kurang 
leuwih kitu. Teu aya saeutik ge warna palsapah sunda. Sakanyaho kuring hejo mah 
warna nu teu lumrah dipake keur nyimbulkeun palsapah Sunda, nu biasa mah 
beureum-koneng-bodas-hideung. Kade ah eta mah matak megatkeun duduluran jeung 
ngajadikeun Sunda heureut.

                Kang Tirta,
                Leres kang, hideung-bodas teh warna nu biasa dipake 
ngalambangkeun lemah-cai, oge ngandung harti 'tetep dina kasucian' atawa bisa 
oge 'katetapan ti nu Maha Suci', sabab hideung teh ngalambangkeun sipat/watek 
Tetep/kukuh/pengkuh,
                bodas ngalambangkeun sipat/watek suci. Tah matak dina wayang 
dilambangkeun kana Semar beungeut bodas badan hideung, nu hartina katetepan ti 
nu Maha Suci,nu mikareueus imahna sanajan butut di Karang Tumaritis (lemah cai 
nu ngarupakeun mandala tempatna nu naritis/sakabeh mahluk hirup).  Beda jeung 
Kresna kabeh awak jeung beungeutna hideung, sedeng Baladewa sagalana beureum.

                cag, rampes.

                Engkus nun, 

               
       

Kirim email ke