Hehehe, cukup 3x we uing mah he-na.
Ah eta kang Ndud, sok kitu ka uing teh.
Ngan nu pasti mah kieu eta teh kang Ndud, lamun di milis aya nu diadukeun,
milis pasti haneuteun, hartina milis jadi nambahan nyawa, terus hirup.
Sanes kitu?
Numatak rek diadu mah mangga we diaradu, da moal nepi ka nakol monitor sugan.

salam,
mh

On Thu, Oct 23, 2008 at 11:20 PM, dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Baraya, kamarana ieu teh komo Mang Hasan mah lamun uing diadu jeung Kang
> Ilen teh jigana kreprok pang tarikna jiga lalajo si-jelug keur diadu...
>
> balesanana.. dihandap ditandaan ku warna bulao baelah..
>
> ----- Original Message -----
> From: ilen kardani
> To: [email protected]
> Sent: Wednesday, October 22, 2008 9:52 PM
> Subject: Re: Bls: [kisunda] Bendara Sunda Versi si kuring
> Leres pisan kang Dudi:
>
> - Cacarakan asalna ti Urang > Satuju > ngan urang kudu ngotektak deui
> bukti-buktina anu aya di prasati anu mana terus urang asupkeun deui ka
> unicode.
> - Bandera Sura Suci ti Urang > Satuju > tugas urang nambahan kudu neangan
> deui buktina
> - Taun Hiji Saka mimitina ti Urang > ieu ngait kana 'cacarakan' diluhur
> - Dasar Nagara asalna ti Urang > ti karuhun anu sarua (ti sumber anu sarua)
> sabab waktu harita aya sababaraha urang anu menekung hasilna sarua.
> - Tugu Monas diadegkeun di tapak Pajajaran - Sunda Kalapa > nya eta teu bisa
> disangkal tapi hal ieu teh alus keur urang atawa henteu.
> - Ibukota nagara RI, patilasan Pajajaran > sarua jeung nu bieu diluhur,
> ayeuna urang jadi lieur ngurus urban anu daratang ka tatar sunda, teu
> hormat.
> - Majapait dijieun jeung digedekeun ku Urang Sunda > satuju nganyakitu teu
> diaku ku maranehna.
> - Nusantara anu Urang - Pancanusa Sunda besar/kecil> satuju, nu matak urang
> dimimitian deui ti sundaland, dina jejer anu kamari.
> - Manusa pang kolotna aya di Urang > karuhun anu pangkolotna, tapi ngading
> kasaha jeung naon pihartieunana?
> - Elmu kamanusaan, kawalian, karasulan, ka-Allah-an geus ditamatkeun ku
> Urang Sunda baheula > kahareup oge dina wanda anu anyar.
> - Nu Maha Kawasa geus nyukupan kaperluan hirup Urang Sunda ti poe cikalna
> nepi ka poe bungsuna > satuju, kukituna tong haripet ku teuteureuyeun..
>
> sesi ka-2
> Naha era kunaon jadi Urang Sunda? > teu uing mah teu era, da batur ge
> nyarahoeun anu wawuh jeung uing yen uing orang sunda.
> Naha ngewa kunaon ka seler sejen (pangpangna Jawa)? > teu uing mah teu ngewa
> ka seler sejen, malah nge...(sensor) jeung urang jawa mah.
> Naha can sadar keneh kana kaluhungan Urang Sunda bihari? > nya atos atuh
> Kang, lamun diajak teu bener uing tara miluan, lamun pibeneren hayu.
>
> Sesi nu ka 3, ieu yeuh anu pika.....
> Naha moal dipake titinggal ti karuhun? > naha kudu dibabawa, da karuhuna anu
> sejenan ge teu mawa, anu hade bawa anu goreng tinggalkeun.
> Naha arek angger wae make pakean import? >naha ceuk saha teu meunang kitu,
> anu hade import anu goreng ulah.
> Naha arek diapeskeun wae kaluhungan Sunda teh ku urang? > puguh ieu ge keur
> metakeun kaluhungan sunda "leuleus jeujeur liat tali"
> Turutan Jepang jeung Cina >naha jadi kudu import ti jepang jeung ti cina da
> anu nyaho diri urang mah nga urang sorangan, dokter bae sok nanya ka uing
> pajakeun teh " naon anu karasa?" hartina dokter ge teu nyahoeun anu tu miba
> ka uing lamun teu dibejaan ku uing mah.
> anu pengkuh nyekel tatali paranti ti karuhuna, >ceuk saha puguh-puguh cevy
> disebut chery maranehna ge hayang buru-buru beunghar ngahalalkeun sagaka
> cara.
> matak maraju da bebas tina penjajahan lahir batin.> ceuk saha kitu, naha PM
> jepang mundur sangeus israel anu didukung amerika teu bisa ngabinasakeun
> hisbulloh dipalestin + PM inggris mundur + senat AS didominasi partei
> demokrat, ari di cina moal boa dulur kajajah kudulur atawa tatamgga, komo
> ari pejajahan bathin mah da saha anu nyaho atuh.
> Sakabeh nu ngapeskeun ka Urang Sunda teu leupas tina perhatian Urang Sunda
> sorangan, mun diantep hartina satuju kana naon-naon anu dicaritakeun ku nu
> sejen anu balukarna mawa apes ka urang keneh. >nu matak ulah nambahan
> ngaleutikan hate urang sunda, hayu urang jadi motivator keur bangsa sunda
> anu agung.
> Tong kaget lamun kahareup sakabeh kaluhungan Sunda kasebat di luhur diaku ku
> seler sejen da bongan urang embung mirosea. > moal nepi ka kitu asal urang
> apal ka kasundaan, anu mana sunda anu mana lain sok sanajan ngaku-ngaku
> sunda.
>
> Panungtung, kuring menta di hampura khusuna ka Kang Ilen anu dipihormat ku
> kuring, dikitukeun teh padah wae ka Kang Ilen mah geus masagi dina elmu
> kasundaan.
>
> wassalam
> dudi_ss
>
> ________________________________
> From: dudi_ss
>
> atuh ari kitu mah moal burung "hurup cacarakan" oge asalna ti urang nya, eta
> geuning Prabu Dewata Cengakar-na aya di urang atuh Aji Saka-na ge aya,
> minangka titimangsa di ngawitanana panggalan Saka, taun ka 78 masehi kitu?
>
>
> .
>
> 

------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke