tah.... tahtahtah (sakitu we heula tah-na) aya nu anyar deui yeuh. sunda pangkolotna sadunya. guareun-guareun... mangga, bah oca, panggung tos diadegkeun di payun, ti baheula. kitu deui nu sejenna nu apal kana bag-bagan ieu sok saurang saurang kana panggung. tos disayogikeun lampusorot jeung mikroponna mah tah... ku ki yahuuuuu.... :))
huhuy... pais bibit yeuh... sagede orok buta! duq ngadeponk bari nungguan paisan diguar-guar, hayang ngilu ngasaaannnnn On Fri, Oct 24, 2008 at 5:39 PM, Roza Rahmadjasa Mintaredja < [EMAIL PROTECTED]> wrote: leres kg Engkus, kg Ilen, kg N'dud, budaya US pangkolotna sadunya... bisa disebut bagal budaya sadunya... atawa cikal bakal/wiwit manusa sakabeh. asalna.... ti Sunda.! lamun ditilik sabaraha lila umur budaya Sunda ...? tina pananggalan Sunda mah 17209 taun katukang... (dina konversi ka Masehi dk kiwari-ir. CJ Snijder 1983) US geus boga pananggalan disebutna KALA SUNDA TEMBEY. Bandingkeun jg umur pananggalan nu aya sadunya: Peru(Amerika Sel) umurna.kl 15.000 taun Cina umurna kl. 13.000 taun Babilonia kl 6.500 taun India kl. 2.200 taun (ir.C.J Snijder 1983) Hartina budaya Sunda geus kumelendang di-alam dunya ieu salila kl 18.000 taun katukang! Saha anu bisa mere tetengger sakitu jelasna umur budaya dina wilangan kolotna taun? tingali bukti2 anu beuki nambahan tug dk kiwari anu bisa negeskeun yen budaya US pangkolotna sadunya...! Hanteu sakadar dina wates 'kayakinan' wungkul... bedana jg KalaSunda nu dipake ayeuna, nyaeta dina patokan prasasti Sanghyang Tapak, Sukabumi. prasasti SriJaya Bupati, Raja Sunda. dina konversi ka Masehi na abad ka 11. Jadi taun awalna, KalaSunda ninggang di taun 122 Masehi. Beda jg itungan Damais, anu make Saka India anu dipake tug dk kiwari nyaeta taun 78 Masehi. hanteu sakadar nambah atw ngurangan make patok 78... Kitu para dulur, sacara gurat badagna mah. cag! rampes nun! he33x! ...oca tea... > ,___ > -- d-: dudi herlianto :-q ~sok ngawaraduq sugan wé jadi gas bulao~
