hehehe, kadang-kadang urang mindeng serab ku budaya batur nya

2010/8/25 Ii Sumirat <[email protected]>

>
>
>  Justru anu dewa dewa an mah kang nya mistik mistik, misalna wae eta
> hercules tokoh fiktif tapi netelakeun yen urang barat oge kitu…
>
>
>
>
>
> *From:* [email protected] [mailto:[email protected]] *On
> Behalf Of *irpan rispandi
> *Sent:* Monday, August 23, 2010 9:20 PM
> *To:* [email protected]
> *Subject:* Re: [kisunda] Re: Uga Wangsit Siliwangi - 300
>
>
>
>
>
> Salah sahiji Film paporit kuring nyaeta 300. Film anu nyaritakeun Raja
> Leonidas jeung 300 punggawana, maju jurit nempuh pasukan Persia anu mang
> juta-juta.  Manehna milih basisir Thermophylae anu ngabogaan lawang heureut,
> anu cocok pisan pikeun perang anu bertahan. Film eta dumasar kana Perang
> Thermophylae di daratan Yunani anu kajadian antara bulan Agustus atawa
> September taun 480 Samemeh Masehi (kurang leuwih 2490 taun kaliwat).  Yunani
> terkenal ku Dewa-Dewana, tapi asa can ngandenge (pedah kuring kurang elmu
> he.he..he.) hal-hal mistik-mistikan siga di urang.
>
> Pajajaran pareum taun 1600 an Masehi (kurang leuwih 400 taun kaliwat), tapi
> asa araraheng we carita-carita na teh nya. Anu tilem lah, jadi maung lah.
> he..he..he...
>
> Padahal dina segi elmu pangaweruh, Yunani (baheula)  kaitung onjoy, boh
> dina tata pamarentahan, boh dina teknologi kahirupan. Siganateh teu make
> jin-jinan siga bandung bondowoso nu nyieun lorojongrang.
>
> Atawa memang bangsa urang mah "Sang Pemimpi" he..he..he...
>
>
>
>  --
>
> R. Irpan Rispadi Raksagalaksibimasakti Nupalingningrat, teureuh Planet Krypton
>
>
>
>
>
> On 08/24/2010 10:42 AM, oman abdurahman wrote:
>
>
>
> Mh,
>
> Memang kaaslian hiji naskah bisa dipaluruh ku nitenan basa anu
> digunakeunana. Kaasup naskah Uga Wangsit Siliwangi oge beunang ditangtukeun
> asli atawa henteuna ngaliwatan studi kritis soal basana.
>
> Baraya, contona kieu:  sababaraha waktu kaliwat, kuring manggihan naskah
> Wangsit Siliwangi anu dina teksna nyebutkeun kecap "kupat tahu". Terus upama
> diasumsikeun kupat tahu can aya di Jabar dna abad 15 M jeung diasumsikeun
> eta naskah teh ti abad 15 M mangsa hirupna Prabu Siliwangi, geus bisa
> ditarik kasimpulan yen eta naskah teh lain ti Prabu Siliwangi.
>
> Dina nalungtik kaaslian hiji naskah, bebeneran asumsi perlu disaluyuan
> heula (tangtu wae perlu dibuktikeun heula ku data oge).
>
> Ku postingan anu aya soal wangsit PS ieu, saeutikna si kuring geus
> manggihan 3 rupa, diantarana anu nembe dipostingkeun ku ...hilap namina, anu
> basana lemes siga basa beh dieu pisan. Tong boroning kitu, wangsit PS anu
> dicutat ku Mh ti Ambu (anu mana sarua jeung anu katampi ku kuring ti hiji
> sepuh, dina format kertas ketikan), saur kang Nana Munajat mah eta jieunan
> sastrawan Sunda, jalmina oge aya keneh dikieuna, sastrawan Sunda anu cukup
> kahot.
>
> Cag heula, ke disambung deui sugan pareng.
>
> manar
>
>
>
>
>
>
> 2010/8/24 mh <[email protected]>
>
>
>
> ambu oge baraya sanesna.
> sainget uing ieu naskah geus sumebar di internet, sababaraha taun kaliwat.
>
> cing sugan aya nu apal, timana ieu naskah asalna, atawa rujukanana?
>
> mun nilik bahasa nu digunakeunana, asana basa sunda beh dieu.
> jigana umurna leuwih ngora ti bahasa nu digunakeun dina naskah sanghiyang
> siksa.
>
> nuhun
> -mh-
>
> 2010/8/23 mh <[email protected]>
>
> meunang nyalin  tina fb si ambu. nyanggakeun:
>
>
> ===============
>  UGA WANGSIT SILIWANGI SALENGKEPNA
>
> by Richadiana 
> Kartakusuma<http://www.facebook.com/profile.php?id=1537983874>on Monday, 
> August 23, 2010 at 6:58pm
>
> *SILIWANGI*
>
>
> .
>
> [image: Image removed by sender.]
>
>
>
>   
>

<<image001.jpg>>

Kirim email ke