Salah sahiji Film paporit kuring nyaeta 300. Film anu nyaritakeun Raja
Leonidas jeung 300 punggawana, maju jurit nempuh pasukan Persia anu mang
juta-juta. Manehna milih basisir Thermophylae anu ngabogaan lawang
heureut, anu cocok pisan pikeun perang anu bertahan. Film eta dumasar
kana Perang Thermophylae di daratan Yunani anu kajadian antara bulan
Agustus atawa September taun 480 Samemeh Masehi (kurang leuwih 2490 taun
kaliwat). Yunani terkenal ku Dewa-Dewana, tapi asa can ngandenge (pedah
kuring kurang elmu he.he..he.) hal-hal mistik-mistikan siga di urang.
Pajajaran pareum taun 1600 an Masehi (kurang leuwih 400 taun kaliwat),
tapi asa araraheng we carita-carita na teh nya. Anu tilem lah, jadi
maung lah. he..he..he...
Padahal dina segi elmu pangaweruh, Yunani (baheula) kaitung onjoy, boh
dina tata pamarentahan, boh dina teknologi kahirupan. Siganateh teu make
jin-jinan siga bandung bondowoso nu nyieun lorojongrang.
Atawa memang bangsa urang mah "Sang Pemimpi" he..he..he...
--
R. Irpan Rispadi Raksagalaksibimasakti Nupalingningrat, teureuh Planet Krypton
On 08/24/2010 10:42 AM, oman abdurahman wrote:
Mh,
Memang kaaslian hiji naskah bisa dipaluruh ku nitenan basa anu
digunakeunana. Kaasup naskah Uga Wangsit Siliwangi oge beunang
ditangtukeun asli atawa henteuna ngaliwatan studi kritis soal basana.
Baraya, contona kieu: sababaraha waktu kaliwat, kuring manggihan
naskah Wangsit Siliwangi anu dina teksna nyebutkeun kecap "kupat
tahu". Terus upama diasumsikeun kupat tahu can aya di Jabar dna abad
15 M jeung diasumsikeun eta naskah teh ti abad 15 M mangsa hirupna
Prabu Siliwangi, geus bisa ditarik kasimpulan yen eta naskah teh lain
ti Prabu Siliwangi.
Dina nalungtik kaaslian hiji naskah, bebeneran asumsi perlu disaluyuan
heula (tangtu wae perlu dibuktikeun heula ku data oge).
Ku postingan anu aya soal wangsit PS ieu, saeutikna si kuring geus
manggihan 3 rupa, diantarana anu nembe dipostingkeun ku ...hilap
namina, anu basana lemes siga basa beh dieu pisan. Tong boroning kitu,
wangsit PS anu dicutat ku Mh ti Ambu (anu mana sarua jeung anu katampi
ku kuring ti hiji sepuh, dina format kertas ketikan), saur kang Nana
Munajat mah eta jieunan sastrawan Sunda, jalmina oge aya keneh
dikieuna, sastrawan Sunda anu cukup kahot.
Cag heula, ke disambung deui sugan pareng.
manar
2010/8/24 mh <[email protected] <mailto:[email protected]>>
ambu oge baraya sanesna.
sainget uing ieu naskah geus sumebar di internet, sababaraha taun
kaliwat.
cing sugan aya nu apal, timana ieu naskah asalna, atawa rujukanana?
mun nilik bahasa nu digunakeunana, asana basa sunda beh dieu.
jigana umurna leuwih ngora ti bahasa nu digunakeun dina naskah
sanghiyang siksa.
nuhun
-mh-
2010/8/23 mh <[email protected] <mailto:[email protected]>>
meunang nyalin tina fb si ambu. nyanggakeun:
===============
UGA WANGSIT SILIWANGI SALENGKEPNA
by Richadiana Kartakusuma
<http://www.facebook.com/profile.php?id=1537983874> on Monday,
August 23, 2010 at 6:58pm
*SILIWANGI*
.