Justru anu dewa dewa an mah kang nya mistik mistik, misalna wae eta hercules 
tokoh fiktif tapi netelakeun yen urang barat oge kitu…

 

 

From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of 
irpan rispandi
Sent: Monday, August 23, 2010 9:20 PM
To: [email protected]
Subject: Re: [kisunda] Re: Uga Wangsit Siliwangi - 300

 

  

Salah sahiji Film paporit kuring nyaeta 300. Film anu nyaritakeun Raja Leonidas 
jeung 300 punggawana, maju jurit nempuh pasukan Persia anu mang juta-juta.  
Manehna milih basisir Thermophylae anu ngabogaan lawang heureut, anu cocok 
pisan pikeun perang anu bertahan. Film eta dumasar kana Perang Thermophylae di 
daratan Yunani anu kajadian antara bulan Agustus atawa September taun 480 
Samemeh Masehi (kurang leuwih 2490 taun kaliwat).  Yunani terkenal ku 
Dewa-Dewana, tapi asa can ngandenge (pedah kuring kurang elmu he.he..he.) 
hal-hal mistik-mistikan siga di urang.

Pajajaran pareum taun 1600 an Masehi (kurang leuwih 400 taun kaliwat), tapi asa 
araraheng we carita-carita na teh nya. Anu tilem lah, jadi maung lah. 
he..he..he...

Padahal dina segi elmu pangaweruh, Yunani (baheula)  kaitung onjoy, boh dina 
tata pamarentahan, boh dina teknologi kahirupan. Siganateh teu make jin-jinan 
siga bandung bondowoso nu nyieun lorojongrang.

Atawa memang bangsa urang mah "Sang Pemimpi" he..he..he...





-- 
R. Irpan Rispadi Raksagalaksibimasakti Nupalingningrat, teureuh Planet Krypton





On 08/24/2010 10:42 AM, oman abdurahman wrote: 

  

Mh,

Memang kaaslian hiji naskah bisa dipaluruh ku nitenan basa anu digunakeunana. 
Kaasup naskah Uga Wangsit Siliwangi oge beunang ditangtukeun asli atawa 
henteuna ngaliwatan studi kritis soal basana.

Baraya, contona kieu:  sababaraha waktu kaliwat, kuring manggihan naskah 
Wangsit Siliwangi anu dina teksna nyebutkeun kecap "kupat tahu". Terus upama 
diasumsikeun kupat tahu can aya di Jabar dna abad 15 M jeung diasumsikeun eta 
naskah teh ti abad 15 M mangsa hirupna Prabu Siliwangi, geus bisa ditarik 
kasimpulan yen eta naskah teh lain ti Prabu Siliwangi.

Dina nalungtik kaaslian hiji naskah, bebeneran asumsi perlu disaluyuan heula 
(tangtu wae perlu dibuktikeun heula ku data oge). 

Ku postingan anu aya soal wangsit PS ieu, saeutikna si kuring geus manggihan 3 
rupa, diantarana anu nembe dipostingkeun ku ...hilap namina, anu basana lemes 
siga basa beh dieu pisan. Tong boroning kitu, wangsit PS anu dicutat ku Mh ti 
Ambu (anu mana sarua jeung anu katampi ku kuring ti hiji sepuh, dina format 
kertas ketikan), saur kang Nana Munajat mah eta jieunan sastrawan Sunda, 
jalmina oge aya keneh dikieuna, sastrawan Sunda anu cukup kahot.

Cag heula, ke disambung deui sugan pareng.

manar




 

2010/8/24 mh <[email protected]>

  

ambu oge baraya sanesna.
sainget uing ieu naskah geus sumebar di internet, sababaraha taun kaliwat.

cing sugan aya nu apal, timana ieu naskah asalna, atawa rujukanana?

mun nilik bahasa nu digunakeunana, asana basa sunda beh dieu.
jigana umurna leuwih ngora ti bahasa nu digunakeun dina naskah sanghiyang siksa.

nuhun
-mh-

2010/8/23 mh <[email protected]>

meunang nyalin  tina fb si ambu. nyanggakeun: 


===============


UGA WANGSIT SILIWANGI SALENGKEPNA


by Richadiana <http://www.facebook.com/profile.php?id=1537983874>  Kartakusuma 
on Monday, August 23, 2010 at 6:58pm

SILIWANGI


.

Image removed by sender.

 



<<image001.jpg>>

<<image002.jpg>>

Kirim email ke