Salah sahiji Film paporit kuring nyaeta 300.
Film anu nyaritakeun Raja Leonidas jeung 300 punggawana, maju jurit nempuh
pasukan Persia anu mang juta-juta. Manehna milih basisir Thermophylae anu
ngabogaan lawang heureut, anu cocok pisan pikeun perang anu bertahan. Film eta
dumasar kana Perang Thermophylae di daratan Yunani anu kajadian antara bulan
Agustus atawa September taun 480 Samemeh Masehi (kurang leuwih 2490 taun
kaliwat). Yunani terkenal ku Dewa-Dewana, tapi asa can ngandenge (pedah
kuring kurang elmu he.he..he.) hal-hal mistik-mistikan siga di urang.
Pajajaran pareum taun 1600 an Masehi (kurang leuwih 400 taun kaliwat), tapi asa
araraheng we carita-carita na teh nya. Anu tilem lah, jadi maung lah.
he..he..he...
Padahal dina segi elmu pangaweruh, Yunani (baheula) kaitung onjoy, boh
dina tata pamarentahan, boh dina teknologi kahirupan. Siganateh teu make
jin-jinan siga bandung bondowoso nu nyieun lorojongrang.
Atawa memang bangsa urang mah "Sang Pemimpi" he..he..he...
--
R. Irpan Rispadi Raksagalaksibimasakti Nupalingningrat, teureuh Planet Krypton
On 08/24/2010 10:42 AM, oman abdurahman wrote:
Mh,
Memang kaaslian hiji naskah bisa dipaluruh ku nitenan basa anu digunakeunana.
Kaasup naskah Uga Wangsit Siliwangi oge beunang ditangtukeun asli atawa
henteuna ngaliwatan studi kritis soal basana.
Baraya, contona kieu: sababaraha waktu kaliwat, kuring manggihan naskah
Wangsit Siliwangi anu dina teksna nyebutkeun kecap "kupat tahu".
Terus upama diasumsikeun kupat tahu can aya di Jabar dna abad 15 M jeung
diasumsikeun eta naskah teh ti abad 15 M mangsa hirupna Prabu Siliwangi, geus
bisa ditarik kasimpulan yen eta naskah teh lain ti Prabu Siliwangi.
Dina nalungtik kaaslian hiji naskah, bebeneran asumsi perlu disaluyuan heula
(tangtu wae perlu dibuktikeun heula ku data oge).
Ku postingan anu aya soal wangsit PS ieu, saeutikna si kuring geus manggihan 3
rupa, diantarana anu nembe dipostingkeun ku ...hilap namina, anu basana lemes
siga basa beh dieu pisan. Tong boroning kitu, wangsit PS anu dicutat ku Mh ti
Ambu (anu mana sarua jeung anu katampi ku kuring ti hiji sepuh, dina format
kertas ketikan), saur kang Nana Munajat mah eta jieunan sastrawan Sunda,
jalmina oge aya keneh dikieuna, sastrawan Sunda anu cukup kahot.
Cag heula, ke disambung deui sugan pareng.
manar
2010/8/24 mh <[email protected]>
ambu oge baraya sanesna.
sainget uing ieu naskah geus sumebar di internet, sababaraha taun kaliwat.
cing sugan aya nu apal, timana ieu naskah asalna, atawa rujukanana?
mun nilik bahasa nu digunakeunana, asana basa sunda beh dieu.
jigana umurna leuwih ngora ti bahasa nu digunakeun dina naskah sanghiyang
siksa.
nuhun
-mh-
meunang nyalin tina fb si
ambu. nyanggakeun:
===============
UGA WANGSIT SILIWANGI SALENGKEPNA
