Ari wangsit ieu teh maksdna kenging ngarekam timana, sanes kitu cenah ari nuju 
nyurup mah hehe

 

From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of 
oman abdurahman
Sent: Monday, August 23, 2010 9:25 AM
To: [email protected]
Subject: Re: [kisunda] Uga Wangsit Siliwangi

 

  

Seur lepat ketik geuningan. Abdi nyobian ngalengkepan anu katangen lepat ketik 
(diwarnaan koneng). Mangga di handap ieu. 

manar

2010/8/23 mh <[email protected]>

  

meunang nyalin  tina fb si ambu. nyanggakeun:
===============


UGA WANGSIT SILIWANGI SALENGKEPNA


by Richadiana <http://www.facebook.com/profile.php?id=1537983874>  Kartakusuma 
on Monday, August 23, 2010 at 6:58pm

SILIWANGI

Lalakon urang ngan nepi ka poe ieu. Najan dia kabehan ka ngaing pada satia, 
tapi ngaing heunteu meunang mawa dia pipilueun, ngilu jadi balangsak, ngilu 
rudin bari lapar. Dia mudu marilih, pikeun hirup kahareupna, supaya engke 
jagana jembar senang mugih mukti,bisa ngadegkeun deui Padjadjaran. Lain 
Padjadjaran nu kiwari, tapi Padjadjaran anu anyar, nu ngadegna digeuingkeun ku 
obahna jaman; Pilih: ngaing moal ngahalang-halang. Sabab pikeun ngaing, heunteu 
pantes jadi raja amun somah sakabehna lapar bae jeung balangsak.

 

DARENGEKEUN!

Nu dek tetep ngilu jeung ngaing, geura misah ka beulah kidul;

Anu hayang balik deui ka dayeuh nu ditinggalkeun, geura misah ka beulah kaler;

Anu dek kumawula ka nu keur jaya, geura misah ka beulah wetan;

Anu moal milih ka saha-saha, geura misah ka beulah kulon;

 

DARENGEKEUN!

Dia nu di beulah wetan, masing nyararaho : Kajayaan milu jeung dia; nya turunan 
dia anu engke bakal marentah ka dulur jeung ka batur. Tapi masing nyaraho, 
arinyana bakal kamalinaan. Engke bakal aya balesna. Jig geura narindak !

 

Dia nu di beulah kulon; papay ku dia lacak Ki Santang ! Sabab engkena turunan 
dia jadi panggeuing ka dulur jeung ka batur. Ka batur urut salembur, ka dulur 
anu nyorang saayunan, ka sakabeh nu rancage di hatena. Engke jaga mun tengah 
peuting, ti gunung Halimun kadenge sora tutunggulan, tah eta tandana : 
saturunan dia disambat ku nu dek kawin di Lebak Cawene. Ulah sina talangke. 
Sabab talaga bakal bedah; Jig, geura narindak ! Tapi ulah ngalieuk ka tukang !

 

Dia nu marisah ka beulah kaler; darengekeun: ! Dayeuh ku dia moal kasampak, 
ngan ukur tegal baladaheun. Turunan dia, lolobana bakal jadi somah. Mun aya nu 
jadi pangkat, bakal luhur di pangkatna, tapi moal boga kakawasaan. Ariyana 
engke jaga, bakal kaseundeuhan batur. Loba batur tinu anggang, tapi batur nu 
sarusah jeung batur nu nyusahkeun. Sing waspada !

 

Sakabeh turunan dia ku ngaing bakal dilanglang. Tapi, ngan di waktu nu perlu. 
Ngaing bakal datang deui, nulungan nu barutuh, mantuan anu sarusah, tapi ngan 
anu hade laku lampahna. 

 

Mun ngaing datang moal kadeuleu, mun ngaing nyarita moal kadenge. Memang ngaing 
bakal datang. Tapi ngan ka nu geus rancage hatena, kanu weruh disemu anu 
saestu, anu ngarti kana wangi nu sajati, jeung nu surti lanti pikirna, nu hade 
laku lampahna. Mun ngaing datang : teu ngarupa teu nyawara, tapi mere ciri ku 
wawangi. Ti mimiti poe ieu, Pajajaran leungit ti alam hirup. Leungit dayeuhna, 
leungit ngarana. Pajajaran moal ninggalkeun tapak, jaba ti ngaran pikeun nu 
mapay. Sabab bukti nu kari, bakal rea nu marungkir !

 

Tapi,engke jaga bakal aya nu nyoba-nyoba, supaya nu laleungit kapanggih deui. 
Nya bisa, ngan mapayna kudu make amparan. Tapi anu marapayna loba nu arieu aing 
pangpinterna. Mudu aredan heula. Engke bakal rea nu kapanggih, 
sabagian-sabagian. Sabab kaburu dilarang ku nu disebut Raja Panyelang. Aya nu 
wani ngorehan terus, teu ngahiding ka panglarang; ngorehan bari ngalawan, 
ngalawan bari seuri. Nya eta budak angon : imahna di birit leuwi, pantona batu 
satangtung, kahieuman ku handeuleum, karimbunan ku hanjuang.

 

Arin gangonna ? Lain kebo lain embe, lain meong lain banteng, tapi kalakay 
jeung tutunggul. Inyana jongjon ngorehan, ngumpulkeun anu kapanggih. Sabagian 
disumputkeun, sabab acan wayah ngalakonkeun. Engke mun wayah jeung mangsana, 
baris loba anu kabuka jeung rareang marenta dilalakonkeun. Tapi mudu ngalaman 
loba lalakon, anggeus nyorang: undur jaman datang jaman, saban jaman mawa 
lalakon. Lilana saban jaman, sarua jeung waktu nu nyukma, ngusumah eujeung 
nitis, laju nitis dipinda sukma.

 

DARENGEKEUN!

Nu kiwari ngamusuhan urang, jaradi rajana ngan bakal nepi ka mangsa : " tanah 
bugel sisi Cibantaeun dijieun kandang kebo dongkol. "Tah di dinya, sanagara 
bakal jadi sampalan, sampalan kebo barule, nu diangon kujalma jangkung nu 
tutunjuk di alun-alun. Ti harita, raja-raja dibelenggu. Kebo bulen yekel 
bubuntut, turunan urang narik wuluku, ngan narikna heunteu karasa sabab murah 
jaman jeung seubeuh hakan. Ti dinya, wuluku ditumpakan kunyuk; laju turunan 
urang aya nu lilir. Tapi lilirna cara nu kara hudang tina ngimpi. Ti nu 
laleungit, tambah loba nu kapanggih, tambah loba nu manggihna. Tapi loba nu 
pahili. Nya kabawa nu lain mudu diala!

 

Turunan urang loba anu heunteu engeuh, yen jaman ganti lalakon ! Ti dinya 
gehger sanagara. Panto nutup di buburak ku nu ngalanteur pamuka jalan; tapi 
jalan nu kasingsal. Nu tutunjuk nyumput jauh; alun - alu jadi suwung, kebo bule 
kalalabur : laju sampalan nu diranjah monyet !

 

Turunan urang ngareunah seuri, tapi seuri heunteu anggeus, sabab kaburu : 
warung beak ku monyet, leuit beak ku monyet, kebon beak ku monyet, sawah beak 
ku monyet, huma di acak-acak ku monyet, cawene rareuneuh ku monyet. Sagala-gala 
diranjah ku monyet. Turunan urang sieun ku nu niru - niru monyet. 
"Panarat"dicekel ku monyet bari diuk dina bubuntut. Wulukuna ditarik ku turunan 
urang keneh. Loba nu paraeh kalaparan.Ti dinya, turunan urang ngarep-ngarep 
pelak jagong, sabari nyanyahoanan maresek caturangga. Heunteu arengeuh, yen 
jaman geus ganti deui lalakon. Laju hawar-hawar, ti tungtung sagara kaler 
ngaguruh ngagulugur, galudra megarkeun endog. Genjlong saamparan jagat !

 

Ari diurang ? Rame kunu mangpring. Prang - pring sabulu - bulu gading. Monyet 
ngumpul ting rumpuyuk. Laju ngamuk turunan urang; ngamukna teu jeung aturan. 
Loba nu paraeh teu boga dosa. Puguh musuh, dijieun batur; puguh batur, disebut 
musuh. Ngadak-ngadak loba nu pangkat nu marentah cara nu edan. Nu bingung 
tambah baringung; barudak satepak jaradi Bapa. Nu ngaramuk tambah rosa; 
ngamukna teu ngilik bulu. Nu barodas di buburak, nu harideung disieuh-sieuh. 
Mani saheng buana urang, sabab nu ngaramuk, heunteu beda tina tawon, 
dipalengpeng keuna sayangna. Sanusa dijieun jagal. Tapi, kaburu aya nu nyapih; 
nu nyapihna urang sabrang.

Laju ngajeug deui raja, asalna jalma biasa. Tapi memang titisan raja. Titisan 
raja baheula jeung biangna hiji putri pulau dewata. Da puguh titisan raja; raja 
anyar hese apes ku rogahala ! Ti harita, ganti deui jaman. Ganti jaman ganti 
lalakon;

 

IRAHA ?

Heunteu lila, anggeus tembong bulan ti beurang, disusul kaliwatan ku bentang 
caang ngagenclang. Di urut nagara urang, ngadeg deui karajaan. Karajaan di 
jeroeun karajaan jeung rajana lain teureuh Pajajaran. Laju aya deui raja, tapi 
raja, raja buta nu ngadegkeun lawang teu meunang dibuka, nangtungkeun panto teu 
beunang ditutup, nyieun paneuran di tengah jalan. Miara heulang dina caringin. 

 

Da raja buta ! Lain buta duruwiksa, tapi buta heunteu neuleu, buaya eujeung 
ajag, ucing garong eujeung monyet ngorowotan somah nu susah. Sakalina aya nu 
wani ngageuing: nu diporog mah lain satona, tapi jelema anu ngelingan. Mingkin 
hareup mingkin hareup, loba buta nu baruta, naritah deui nyembah berhala.

 

Laju bubuntut salah nu ngatur, panarat pabeulit dina cacadan; da nu ngawulukuna 
lain jalma tukang tani. Nya karuhan tarate hepe sawareh, kembang kapas hapa 
buahna; buah pare loba nu asup kana aseupan .....Da bonganna, nu ngebonna 
tukang barohong; nu tanina ngan wungkul jangji ; nu palinteur loba teuing, ngan 
pinterna kabalinger. Ti dinya datang budak janggotan. Datangna sajamang 
hideung, bari nyoren kaneron butut, ngageuingkeun nu keur sasar, ngelingan ka 
nu paroho. Tapi heunteu diwararo! Da pinterna kabalinger, harayang meunang 
sorangan. Arinyana teu arengeuh, lagi tanggeus semu beureum, haseup ngebul tina 
pirunan. Boro-boro dek ngawaro, malah budak nu janggotan, ku arinyana di tewak 
diasupkeun kapengberokan. Laju arinyana ngawut-ngawut dapur batur, majarkeun 
neangan musuh; padahal arinyana nyiar-nyiar pimusuheun. 

 

Sing waspada ! Sabab engke arinyana, bakal nyaram Pajajaran di dongengkeun. 
Sabab sarieuneun kanyahoan, saenyana arinyana anu jadi gara-gara sagala jadi 
dangdarat. Buta-buta nu baruta; mingkin hareup mingkin bedegong, ngaleuwihan 
kebo bule. Arinyana teu nyaraho, yen harita teh jaman geus asup kana jaman : 
Jaman sato. Jaman manusa dikawasaan ku sato! Jayana buta - buta heunteu pati 
lila; tapi, bongan kacida teuing nyangsara ka somah, loba somah anu pada ngarep 
- ngarep caringin reuntas di alun-alu. Buta bakal jaradi wadal, wadal pamolahna 
sorangan.

 

IRAHA MANGSANA ?

Engke mungeus tembong budak angon! Ti dinya loba nu ribut; mimiti ti jero 
dapur, ti dapur laju salembur, ti lembur jadi sanagara! Nu barodo jaradi gelo 
marantuan nu garelut, di kokolotan ku budak buncireung ! Matakna garelut ? 
Marebutkeun warisan. Nu hawek hayang panglobana; nu teu hawek hayang loba; nu 
boga hak marenta bagianana. Ngan anu areling caricing. Arinyana mah 
ngalalajoan. Tapi kabarerang. Nu garelut laju rareureuh. Laju kakara arengeuh 
kabeh ge taya nu meunang bagian.Sabab warisan sakabeh beak, beakna ku nu 
nyarekel gadean.

 

Buta -buta laju nyarusup, nu garelut jadi kareueung, sarieuneun ditempuhkeun 
leungitna nagara. Laju nareangan budak angon, nu saungna di birit leuwi nu 
pantona batu satangtung, nu dihateupan ku handeuleum di tihangan ku hanjuang. 
Nareangan budak tumbal, Tapi, sejana dek marenta tumbal. Tapi, budak angon 
enggeus euweuh, enggeus narindak babarengan jeung budak anu janggotan; geus 
mariang pindah ngababakan, parindah ka Lebak Cawene !! Nu kasampak ngan kari 
gagak, keur ngelak dina tutunggul.

 

DARENGEKEUN!

Jaman bakal ganti deui. Tapi engke, amun gunung Gede anggeus bitu di susul ku 
tujuh gunung. Genjlong deui sajajagat. Urang Sunda di sasambat, urang Sunda 
ngahampura. Hade deui sakabehanana. Banguna ngahiji deui. Mangsa jaya, jaya 
deui; sabab Ratu anu anyar, Ratu Adil sajati. Tapi Ratu saha ? Ti mana asalna 
eta Ratu ? Engke oge dia nyaraho. Ayeuna mah, siar ku dia eta budak angon! Jig, 
geura narindak ! Tapi, ulah ngalieuk katukang ! 

http://www.facebook.com/notes/richadiana-kartakusuma/uga-wangsit-siliwangi-salengkepna/424296679474

 

 

 



<<image001.jpg>>

<<image002.jpg>>

Kirim email ke