2011/5/10 Waluya <[email protected]>
> > > > JeBe <jungkir_balik2002@...> wrote: > > > > sakaterang, agama hindu teh ti luar, dingaranan hindu kusabab asalna > > ti daerah Hindustan India. > > janten, pami kasimpulanna yen budaya oge agama di bali teu aya > > pengaruh luar, > > kuring mah asa kirang yakin. > > komo ayeuna, dalah baheula ge apanan nu namina jalmi mah saling > > mempengaruhi-dipengaruhi. > > punten pami lepat > > > > Enya, leres pisan Hindu di Bali asalna ti India. Ngan urang Bali > "ngarobah"na jadi leuwih lokal. Keur urang Bali, para Dewa henteu tetep > tumetep di tempat nu jauh pisan, siga di puncak-puncak Himalaya, tapi > darareukeut wae, di Gunung Agung atawa paling jauh oge Gunung Mahameru di > Pulo Jawa. Jeung seueur deui, nu nunjukkeun Hindu Bali geus jauh beda jeung > Hindu India. > > Kunaon urang Bali bisa disebutkeun keukeuh peuteukeuh kana adatna sorangan? > Salah sahijina, urang Bali mah, tepika ayeuna oge, embungeun ngarobah agama > Hindu maranehna "diaslikeun" jadi Hindhu "genuine"India ..... > > Baktos, > WALUYA > > Uing boga balad urang Bali, nu milu nyantri ka Malaya. Hiji mangsa manehna inget ka Dewa-na, nya ngajugjug kuil nu deukeut tempat nganjrekna. Ti saprak pangalaman munggaran ka kuil eta, manehna teu daekeun deui indit ka kuil. Cukup di tempat nganjrekna we ngajalankeun ibadahna teh. Kuanon ceuk uing teh. Geuning beda cenah jeung pura nu aya di Bali. Jigana wae enya urang Bali geus nga-integrasikeun Hindu India jeung kultur lokalna. Nu matak sistem ibadahna ge beda, poe-poe nu dianggap suci-na ge beda. Sakadar conto urang Hindu Malaya aya hari raya Devawali jeung Taipusam, nu di Bali mah euweuh.
