punten bahW, kuring mung saukur komen kana postingan bahOca nu ieu: "...budayana sapaket utuh, hanteu di asupan budaya luar. ti mimiti religi jeung upacara ritualna, tatanan kamasyarakatana,, elmu pangaweruhna, teknologina, kasenianana jeung basa panganteurna gumulung dipake tanpa reserve!"
ari perkawis anu diungkapkeun ku bahW mah, utamina nu pakait sareng urang bali nu "embungeun ngarobah agama Hindu maranehna "diaslikeun" jadi Hindhu "genuine"India" eta tangtu kusabab aya kayakinan eta nu bener ceuk maranehna. nya kitu deui anu hayang ngarobah "isme" na ngarah "asli" oge pasti aya alesanna, nu pastina tina masalah kayakinan. rada hese nyaeta ari tos masalah kayakinan mah. panginten kitu oge bah hehe... --> JeBe <-- ________________________________ From: Waluya <[email protected]> To: [email protected] Sent: Tue, May 10, 2011 2:22:47 PM Subject: [kisunda] Re: Tatali Paranti Karuhun...Kesimpulan > JeBe <jungkir_balik2002@...> wrote: > > sakaterang, agama hindu teh ti luar, dingaranan hindu kusabab asalna > ti daerah Hindustan India. > janten, pami kasimpulanna yen budaya oge agama di bali teu aya > pengaruh luar, > kuring mah asa kirang yakin. > komo ayeuna, dalah baheula ge apanan nu namina jalmi mah saling > mempengaruhi-dipengaruhi. > punten pami lepat > Enya, leres pisan Hindu di Bali asalna ti India. Ngan urang Bali "ngarobah"na jadi leuwih lokal. Keur urang Bali, para Dewa henteu tetep tumetep di tempat nu jauh pisan, siga di puncak-puncak Himalaya, tapi darareukeut wae, di Gunung Agung atawa paling jauh oge Gunung Mahameru di Pulo Jawa. Jeung seueur deui, nu nunjukkeun Hindu Bali geus jauh beda jeung Hindu India. Kunaon urang Bali bisa disebutkeun keukeuh peuteukeuh kana adatna sorangan? Salah sahijina, urang Bali mah, tepika ayeuna oge, embungeun ngarobah agama Hindu maranehna "diaslikeun" jadi Hindhu "genuine"India ..... Baktos, WALUYA
