Aduh, hilap deui bedana. tos mangtaun-taun tara muka buku perkara teori

Commen sense mah kira-kira atawa hiji pendapat anu teu acan teruji  bener 
heunteuna. Teori tingkatanana leuwih luhur tibatan common sense, sabab tos 
teruji jeung diakui sacara umum ku balarea. Pami di lingkungan akadmik mah 
jelas pengertian commone sense sareng teori.Tapi di paguneman balarea sok 
disalah hartikeun pengertian teori jeung commne sense.

Urang Baduy ditingali tina teori Invensi tradisi? Ari ceuk common sense kuring 
mah, Baduy rek miara budaya samurni-murnina heunteu kapanguruhan ku budaya 
luar. Jadi teu tiasa dianggap invensi tradisi, sabab dina invensi tradisi aya 
unsur "perubahan". Tapi ceuk common sense kuring, salila urang berinteraksi 
jeung manusa sejenna, pasti aya "saling mempengaruhi".

mrachmatrawyani



________________________________
From: Tubagus Rifki L <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Thursday, May 12, 2011 4:46 PM
Subject: [kisunda] Re: Sakali Deui Strategi Kabudayaan - Teori jeung common 
sense


  

Nyuhun sakedik bae utamina ka kang Rachmat, naon bentena teori sareng common 
sense?

Leres teu ieu pamikir abdi, ngenaan dina teori invensi tradisi, berarti urang 
Baduy mah teu makean, teu jiga urang Ciptagelar?

Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu
TiRiLiK

--- In [email protected], Ki Hasan <khs579@...> wrote:
>
> Hehehe, ukur beda istilah, nu hiji "genuine" noong saujratna, nu hiji deui
> noong make parabot beunang nginjeum. Hasilna mah eta-eta keneg.
> 
> 2011/5/11 MRachmat Rawyani <mrachmatrawyani@...>
> 
> >
> >
> > Sababaraha postingan si kuring anu anyar di milis ieu ngahaja dialungkeun,
> > pikeun jadi patokan atawa hiji pakakas pikeun nganalisa hiji pasualan di
> > masyarakat. Sabab kuring nitenan sababaraha komentar di  milis ieu,
> > argumen-argumenana lemah sabab teu aya dadasar teori anu ngadukungna. Ngan
> > sakadar “common sense” wae.
> >
> > Ringkesan disertasi Jajang Gunawijaya “Tatali Paranti Karuhun”, hiji kajian
> > antropologi anu nalungtik hiji komunitas di Gunung Halimun Sukabumi kalayan
> > make dasar teori Eric Hobsbawn (1992) “invensi tradisi”,  ceuk kuring
> > mah,paling gampang dina nalungtik kaayaan hiji masyarakat. Geura urang
> > larapkeun dina pasualan NKRI. Ideologi NKRI  Pancasila,  ceuk cenah,
> > meunang ngagali Soekarno ti akar budaya (asli) Indonesia. Aya oge  Bhinneka
> > Tunggal Ika, hiji falsafah anu dicokot ti jaman karuhun Majapahit (kitab
> > karangan Mpu Tantular). Sakabeh bangsa Indonesia kudu nyaho Pancasila. Hiji
> > Juni tanggal kalahiran Pancasila. Waktu jaman rezim Soeharto oge, masih
> > tetep Pancasila sabage ideologi nagara. Supaya leuwih memasyarakat,
> > diayakeun panataran P4. Tapi jaman Soeharto anu leuwih diramekeun “Hari
> > Kesaktian Pancasila” (1 Oktober) tibatan “Hari Kalahiran Pancasila” (1
> > Juni). Tah ieu teh pan hiji cara Invensi Tradisi,  sok sanajan gagal di
> > tengah jalan.
> >
> > Atuh dina kasus Walikota Solo anu nata kota anu tadina semrawut jadi rapih,
> > anu jadi pasualanana pan perkara kasejahteraan rahayat. Ieu oge hiji invensi
> > tradisi anu tadina masyarakatna sakadaek teu bisa diatur, jadi masyarakat
> > modern anu kerta raharja. Tah, conto ieu sakadar hiji strategi kabudayaan
> > dina migeuykeun masyarakat.
> >
> > Dina kasus Karajaan Pajajaran, invensi tradisi anu sukses dilaksanakeun
> > nyaeta dina perkara aya kulawarga Raja Pajajaran anu asup Islam, sahingga
> > masyarakat Sunda ayeuna (Islam) ngarasa miboga karuhun Raja Pajajaran. Eta
> > cenah aya Urang Bali anu ngawangun Candi/Pura di Gunung Salak kusabab
> > Karuhun Raja Pajajaran ngagem Agama Hindu, Ceu kuring mah Urang Sunda moal
> > narima invensi tradisi ieu.
> > 
> >
> > <mrachmatrawyani@...?subject=Re%3A%20Sakali%20Deui%20Strategi%20Kabudayaan>
> >
>


 

Kirim email ke