Hehehe, ukur beda istilah, nu hiji "genuine" noong saujratna, nu hiji deui noong make parabot beunang nginjeum. Hasilna mah eta-eta keneg.
2011/5/11 MRachmat Rawyani <[email protected]> > > > Sababaraha postingan si kuring anu anyar di milis ieu ngahaja dialungkeun, > pikeun jadi patokan atawa hiji pakakas pikeun nganalisa hiji pasualan di > masyarakat. Sabab kuring nitenan sababaraha komentar di milis ieu, > argumen-argumenana lemah sabab teu aya dadasar teori anu ngadukungna. Ngan > sakadar “common sense” wae. > > Ringkesan disertasi Jajang Gunawijaya “Tatali Paranti Karuhun”, hiji kajian > antropologi anu nalungtik hiji komunitas di Gunung Halimun Sukabumi kalayan > make dasar teori Eric Hobsbawn (1992) “invensi tradisi”, ceuk kuring > mah,paling gampang dina nalungtik kaayaan hiji masyarakat. Geura urang > larapkeun dina pasualan NKRI. Ideologi NKRI Pancasila, ceuk cenah, > meunang ngagali Soekarno ti akar budaya (asli) Indonesia. Aya oge Bhinneka > Tunggal Ika, hiji falsafah anu dicokot ti jaman karuhun Majapahit (kitab > karangan Mpu Tantular). Sakabeh bangsa Indonesia kudu nyaho Pancasila. Hiji > Juni tanggal kalahiran Pancasila. Waktu jaman rezim Soeharto oge, masih > tetep Pancasila sabage ideologi nagara. Supaya leuwih memasyarakat, > diayakeun panataran P4. Tapi jaman Soeharto anu leuwih diramekeun “Hari > Kesaktian Pancasila” (1 Oktober) tibatan “Hari Kalahiran Pancasila” (1 > Juni). Tah ieu teh pan hiji cara Invensi Tradisi, sok sanajan gagal di > tengah jalan. > > Atuh dina kasus Walikota Solo anu nata kota anu tadina semrawut jadi rapih, > anu jadi pasualanana pan perkara kasejahteraan rahayat. Ieu oge hiji invensi > tradisi anu tadina masyarakatna sakadaek teu bisa diatur, jadi masyarakat > modern anu kerta raharja. Tah, conto ieu sakadar hiji strategi kabudayaan > dina migeuykeun masyarakat. > > Dina kasus Karajaan Pajajaran, invensi tradisi anu sukses dilaksanakeun > nyaeta dina perkara aya kulawarga Raja Pajajaran anu asup Islam, sahingga > masyarakat Sunda ayeuna (Islam) ngarasa miboga karuhun Raja Pajajaran. Eta > cenah aya Urang Bali anu ngawangun Candi/Pura di Gunung Salak kusabab > Karuhun Raja Pajajaran ngagem Agama Hindu, Ceu kuring mah Urang Sunda moal > narima invensi tradisi ieu. > > > <[email protected]?subject=Re%3A%20Sakali%20Deui%20Strategi%20Kabudayaan> >
