Sababaraha postingan si kuring anu anyar di milis ieu ngahaja dialungkeun, pikeun jadi patokan atawa hiji pakakas pikeun nganalisa hiji pasualan di masyarakat. Sabab kuring nitenan sababaraha komentar di milis ieu, argumen-argumenana lemah sabab teu aya dadasar teori anu ngadukungna. Ngan sakadar “common sense” wae.
Ringkesan disertasi Jajang Gunawijaya “Tatali Paranti Karuhun”, hiji kajian antropologi anu nalungtik hiji komunitas di Gunung Halimun Sukabumi kalayan make dasar teori Eric Hobsbawn (1992) “invensi tradisi”, ceuk kuring mah,paling gampang dina nalungtik kaayaan hiji masyarakat. Geura urang larapkeun dina pasualan NKRI. Ideologi NKRI Pancasila, ceuk cenah, meunang ngagali Soekarno ti akar budaya (asli) Indonesia. Aya oge Bhinneka Tunggal Ika, hiji falsafah anu dicokot ti jaman karuhun Majapahit (kitab karangan Mpu Tantular). Sakabeh bangsa Indonesia kudu nyaho Pancasila. Hiji Juni tanggal kalahiran Pancasila. Waktu jaman rezim Soeharto oge, masih tetep Pancasila sabage ideologi nagara. Supaya leuwih memasyarakat, diayakeun panataran P4. Tapi jaman Soeharto anu leuwih diramekeun “Hari Kesaktian Pancasila” (1 Oktober) tibatan “Hari Kalahiran Pancasila” (1 Juni). Tah ieu teh pan hiji cara Invensi Tradisi, sok sanajan gagal di tengah jalan. Atuh dina kasus Walikota Solo anu nata kota anu tadina semrawut jadi rapih, anu jadi pasualanana pan perkara kasejahteraan rahayat. Ieu oge hiji invensi tradisi anu tadina masyarakatna sakadaek teu bisa diatur, jadi masyarakat modern anu kerta raharja. Tah, conto ieu sakadar hiji strategi kabudayaan dina migeuykeun masyarakat. Dina kasus Karajaan Pajajaran, invensi tradisi anu sukses dilaksanakeun nyaeta dina perkara aya kulawarga Raja Pajajaran anu asup Islam, sahingga masyarakat Sunda ayeuna (Islam) ngarasa miboga karuhun Raja Pajajaran. Eta cenah aya Urang Bali anu ngawangun Candi/Pura di Gunung Salak kusabab Karuhun Raja Pajajaran ngagem Agama Hindu, Ceu kuring mah Urang Sunda moal narima invensi tradisi ieu.
