Nuhun kang Rachmat. Tercerahkan. Tah dina padungdengan urang di ieu milis, lumrahna urang nganggo konstruksi berpikir 'common sense' batan teori nya kang? Ngan heunteu ari kasebat 'asbun' mah, janten masih aya pencerahan-pencerahan nu ka sirep.
Pangalaman kula nyalira salami maosan ieu milis, resep sabab asup kana 'common sense' kula sakabeh alungan-alungan masalah. Sanajan kula jarang mairan, tapi loba nu kabaca ku kula. Pokonamah resep lah. Aya samacem hiburan intelektual oge spiritual. Aya ragem 'common sense' nunjukeun dinamika pamikiran urang sarerea nu latar wangun pamikiranana ragem. Mangga teraskeun... Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu TiRiLik --- In [email protected], MRachmat Rawyani <mrachmatrawyani@...> wrote: > > Aduh, hilap deui bedana. tos mangtaun-taun tara muka buku perkara teori > > Commen sense mah kira-kira atawa hiji pendapat anu teu acan teruji bener > heunteuna. Teori tingkatanana leuwih luhur tibatan common sense, sabab tos > teruji jeung diakui sacara umum ku balarea. Pami di lingkungan akadmik mah > jelas pengertian commone sense sareng teori.Tapi di paguneman balarea sok > disalah hartikeun pengertian teori jeung commne sense. > > Urang Baduy ditingali tina teori Invensi tradisi? Ari ceuk common sense > kuring mah, Baduy rek miara budaya samurni-murnina heunteu kapanguruhan ku > budaya luar. Jadi teu tiasa dianggap invensi tradisi, sabab dina invensi > tradisi aya unsur "perubahan". Tapi ceuk common sense kuring, salila urang > berinteraksi jeung manusa sejenna, pasti aya "saling mempengaruhi". > > mrachmatrawyani > > > > ________________________________ > From: Tubagus Rifki L <tbrifki@...> > To: [email protected] > Sent: Thursday, May 12, 2011 4:46 PM > Subject: [kisunda] Re: Sakali Deui Strategi Kabudayaan - Teori jeung common > sense > > >  > > Nyuhun sakedik bae utamina ka kang Rachmat, naon bentena teori sareng common > sense? > > Leres teu ieu pamikir abdi, ngenaan dina teori invensi tradisi, berarti urang > Baduy mah teu makean, teu jiga urang Ciptagelar? > > Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu > TiRiLiK > > --- In [email protected], Ki Hasan <khs579@> wrote: > > > > Hehehe, ukur beda istilah, nu hiji "genuine" noong saujratna, nu hiji deui > > noong make parabot beunang nginjeum. Hasilna mah eta-eta keneg. > > > > 2011/5/11 MRachmat Rawyani <mrachmatrawyani@> > > > > > > > > > > > Sababaraha postingan si kuring anu anyar di milis ieu ngahaja dialungkeun, > > > pikeun jadi patokan atawa hiji pakakas pikeun nganalisa hiji pasualan di > > > masyarakat. Sabab kuring nitenan sababaraha komentar di milis ieu, > > > argumen-argumenana lemah sabab teu aya dadasar teori anu ngadukungna. Ngan > > > sakadar âcommon senseâ wae. > > > > > > Ringkesan disertasi Jajang Gunawijaya âTatali Paranti Karuhunâ, hiji > > > kajian > > > antropologi anu nalungtik hiji komunitas di Gunung Halimun Sukabumi > > > kalayan > > > make dasar teori Eric Hobsbawn (1992) âinvensi tradisiâ, ceuk kuring > > > mah,paling gampang dina nalungtik kaayaan hiji masyarakat. Geura urang > > > larapkeun dina pasualan NKRI. Ideologi NKRI Pancasila, ceuk cenah, > > > meunang ngagali Soekarno ti akar budaya (asli) Indonesia. Aya oge > > > Bhinneka > > > Tunggal Ika, hiji falsafah anu dicokot ti jaman karuhun Majapahit (kitab > > > karangan Mpu Tantular). Sakabeh bangsa Indonesia kudu nyaho Pancasila. > > > Hiji > > > Juni tanggal kalahiran Pancasila. Waktu jaman rezim Soeharto oge, masih > > > tetep Pancasila sabage ideologi nagara. Supaya leuwih memasyarakat, > > > diayakeun panataran P4. Tapi jaman Soeharto anu leuwih diramekeun âHari > > > Kesaktian Pancasilaâ (1 Oktober) tibatan âHari Kalahiran Pancasilaâ > > > (1 > > > Juni). Tah ieu teh pan hiji cara Invensi Tradisi, sok sanajan gagal di > > > tengah jalan. > > > > > > Atuh dina kasus Walikota Solo anu nata kota anu tadina semrawut jadi > > > rapih, > > > anu jadi pasualanana pan perkara kasejahteraan rahayat. Ieu oge hiji > > > invensi > > > tradisi anu tadina masyarakatna sakadaek teu bisa diatur, jadi masyarakat > > > modern anu kerta raharja. Tah, conto ieu sakadar hiji strategi kabudayaan > > > dina migeuykeun masyarakat. > > > > > > Dina kasus Karajaan Pajajaran, invensi tradisi anu sukses dilaksanakeun > > > nyaeta dina perkara aya kulawarga Raja Pajajaran anu asup Islam, sahingga > > > masyarakat Sunda ayeuna (Islam) ngarasa miboga karuhun Raja Pajajaran. Eta > > > cenah aya Urang Bali anu ngawangun Candi/Pura di Gunung Salak kusabab > > > Karuhun Raja Pajajaran ngagem Agama Hindu, Ceu kuring mah Urang Sunda moal > > > narima invensi tradisi ieu. > > > > > > > > > <mrachmatrawyani@?subject=Re%3A%20Sakali%20Deui%20Strategi%20Kabudayaan> > > > > > > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
