Hatur nuhun Mh ku nangkodkeun seratan, artikel, berita ngeunaan KBS IX. Duka 
beritana teu pas atawa memang eusina sakumaha ayana ngagambarkeun kaayaan, 
aya 2 hal nu katangkep ku sim kuring:
1. Masalah2 nu diguar asana mah teu aya nu aneh, nu biasa dipadungdengkeun di 
milis2 kasundaan. Perkara solusina asa teu aya bedana jeung di milis. Jadi 
patarosanana: "naon atuh kaleuwihan masalah dikongreskeun dibanding dimilis?"
2. Ceuk kuring nu kabaca dina kongres dominan make rasa, boh dina nempo masalah 
oge nyieun solusi. Ah naha katingal teh bet asa jadi forum "curhat".... Miskin 
panalungtikan nu jero kitu? 
 
Kumaha aya wargi nu tiasa masihan 24 makalah? Punten pami ridho softcopyna 
diemailkeun, atuh pami kedah difotocopy nya nyungkeun bantosan, ongkosna ku 
abdi digentos. 
 
salam
JP
 
 
 Makarya Mawa Raharja
 
. 

Kirim email ke