Dilembur Uing mah lain Babacakan,tapi Bancakan,intina sarua dahar bareung,ngan kabiasaan dilembur mah dikaitkeun kana ritual atawa adat,biasana diayakeun lamun dirasakeun aya musibah, misalna loba budak nu katarajang geuring cacar,atawa panyakit nular sejenna.Bisa oge dikaitkeun kana musibah hasil tatanen nu poso atawa keuna panyakit atawa hama. Prakprakana.Tua kampung nguriling ka unggal imah ngawartakeun yen poe anu jam sa anu(biasana ba'da Ashar),rek diayakeun bancakan.Masing masing kulawarga bakal nyiapkeun gumantung kana kamampuhan sewang sewangan,aya nu nyieun tumpeng jeung sapurantina,aya oge nu sangu biasa jeung dengeunna aya oge nu ngan ukur nyieun congcot nu diluhurna make endog hayam,pangwaluratna nyieun bubur bodas bubur beureum. Dina waktu nu geus ditangtukeun warga kampung ngajajar di sapanjang jalan jajahan atawa jalan desa,tara ieuh mawa amparan,sila atawa emok bae dina taneuh ,dahareun nu meunang nyieun teh ditunda dihareupeunana. Kokolot kampung meuleum menyan,terus tawasulan,ngadu'a jeung sajabana,sarengsena brak bae dalahar bareung kolot,budak pacampur,tapi dahar bawana bae ,tara nyokot bawa batur kacuali mun ditawaran. Hanjakal ieu kabiasaan teh ayeuna mah geus tara dilaksanakeun deui.ngan neupi ka taun genep puluhan ahir..
--- On Fri, 6/22/12, Ki Hasan <[email protected]> wrote: From: Ki Hasan <[email protected]> Subject: Re: [kisunda] Babacakan To: [email protected] Date: Friday, June 22, 2012, 3:03 PM Hehehe. Mantap teruskeun! 2012/6/22 Sp Saprudin <[email protected]> Teurang babacakan? Istilah umum basa sunda nyaeta botram, di lembur kuring disebut babacakan. Aya deui picaritaeun, kieu caritana. Poe minggu harita si Udin jeung babaturanana opatan badami rek ngayakeun babacakan di sisi basisir. Si Joni purah nyieun timbel, si Dede purah nyieun sambel jeung bumbu, si Edi purah nyieun inuman, si Didi purah neangan kecrik, jeung si Udin purah neangan pilaukeun. Geus meunang tugas masing-masing, ngan si Udin anu rada bingung neangan pilaukeun ja harita keur tongpes. "Dak ari laukna naon nya? ceuk Udin kababaturanana, ditembal ku babaturanana "Lauk naon be lah, mun bisa mah daging hayam". Ceuk Udin "Be daria mah gaya make daging hayam sagala, biasana ge lauk asin peda". Baturanan nembal bareng "Sakali-kali atuh gaya Din, maenya rek babacakan nu tara unggal poe jeung beuleum peda asin?". Udin gagaro teu ateul "Heueuh lah, ke aing rek nyiar hayamna". Geus baradami meunang tugas masing-masing, si Udin balik ka Imah. Harita si Udin cicing jeung diurusan ku Nini Akina, ceuk beja dititipkeun ku kolotna da teu kuat ngurusanana ku bangor tea, kolotna harita tugasna di Bandung ja jadi soldadu. Geus boga dasar bangor tea, si Udin teu leungiteun akal, di imah manehna neangan beas jeung tali rapia. "Ma nyuhunkeun beas sakedik be" ceuk si Udin ka nini na. Ceuk nini na "Keur naon beas Din?. Ceuk si Udin "Kangge nambahan damel timbel, da barudak ngajak babacakan ka basisir". Ceuk nini na "Tuh nyandak di goha dina pamean". Koloyor si Udin ka pemean nyokot beas sagelaseun. Geus menang beas sageulas manehna terus neangan tali rapia, kabeneran di goha aya tali rapia urut tali karung beas, terus neangan peso ka dapur, geus kitu "Ma abdi bade ka rorompok babaturan heula" leos maneh ka luar imah. Si Udin lain lempang ka imah babaturanana, tapi ka tempat jarian (tempat miceun runtah), ja didinya tempat hayam arulin. Di jarian si Udin ngawurkeun beas jeung tali rapia geus dipasang pikeun ngeurad hayam. Nemo beas diawurkeun atuh hayam ting barecir gaur jadi ngumpul, terus si Udin narik tali rapia keok sada hayam beunang kauerad. Hayam anu kaeurad hayam jago borentak panggedena, culana jeung jawerna beureum meni lebar. Ceuk si Udin gerentes hatena "Ieu jiga hayam H. Madromi, akh bodo teuing akh, EGP".Geus menang pilaukeun, maneh ngasupkeun hayam kana sarung anu geus dibaseuhan ambeh hayam ulah tisada terus lumpat ka sisi cai (walungan). Disisi cai girangeun kincir, si Udin culak cileuk bisi aya jelema anu nenjoeun, geus kitu maneh ngahareup ka kiblat rek mencit hayam. Awak hayam didempet pake suku, beuheungna dicekel leungen kenca, leungen kathu nyekel peso "Bismillahirrahmanirrahiiim" brel hayam dipencit. Ceuk pikir si Udin "Akh bodo teuing hayam meunang maok oge, anu pentingmah mencitna Islami". Geus meunang mencit terus manehna lempang ka ruyuk sisi cai, terus manehna neangan suluh rek mirun seuneu pikeun ngarerab hayam ambeh buluna gampang dicabutan. Caritana geus menang meresihan jeung ngeureutan hayam terus diasupkeun kana keresek hideung terus lempang ka imah babaturanana. Di imah babaturanana geus karumpul siap berangkat ka basisir, ceuk babaturanana "Alah Din lila amat dia, kamana heula!". Ceuk si Udin "Ka pasar heula aing neangan hayam, yeuh geus meunang hayam jago gede, ku limaan moal beak ieu" bari ngasongkeun bungkusan karesek. Geus kitu brul si Udin jeung babaturanana laleumpang ka sisi basisir naraeuk motor bebek. Geus sampe ka sisi basisir terus maranehanana neangan tempat anu iuh, pas meunang tempat handapeun tangkal anu ngaroyong ka laut. "Jon geura mirun seuneu, aing rek nyiapkeun panggangan hayam" ceuk si Udin ka Joni. "Beres lah, gampang" tembal si Joni. Pirunan seuneu geus ngagudag hurung, terus si Udin manggangkeun daging hayam anu geus dipasang panggangan awi. Keur aranteng barudak maranggang hayam, teu lila jol H. Madromi juragan parahu "Dak keur naraon maraneh". Gebeg we si Udin ngagebeg reuwas, da rumasa manehna geus newak hayamg H. Madromi, ditembal ku si Dede "Eh Pa Haji, ieu nuju babacakan". Terus H. Madromo nyamperkeun barudak, anu keur manggang hayam "Wah kabeneran yeuh, Pa Haji tacan dahar, bisa iluan teu" manehna gek dina balukang deukeut pirunan seuneu. Si Udin anu hatena dag dig dug nembal "Kantenan Pa Haji, urang babacakan, ke antosan heula panggangana teu acan asak". Ceuk H. Madromi "Atuh kalem be jang, Pa Haji rek ngudud heula bari niis". Hanca...........
