Pare, keur Kampung Adat Ciptagelar Cisolok Sukabumi, kacida dipikahormatna,
malah sok di"gaib"keun, harti digaibkeun didieu meureun sarua jeung
di-sakral-keun, beda jeung pepelakan sejena, pepelakan anu sejen mah prah we
saperti pepelakan biasa.
Dina unggal taun sok diayakeun kariaan/ upacara nu disebut Seren Taun,
nyaeta upacara keur ngahormat Ambu Sri Rumbyang Jati (Dewi Pohaci kasuburan
pepelakan hususna pare) jeung Sang Ayah Hyang Guru Bumi (Dewa Kesuburan
Tanah).
Dina ieu upacara Dewi Sri kacida didama-damana, dipihormat.
Saencan upacara Seren Taun sok diayakeun upacara samemehna nyaeta disebut :
1.Makajangan, Godang Pupulur (ngayakeun susuguh)
2.Gondang Balabar (mager pare)
3.Gondang Papag Pasang (nyampeur ngahiap pare)
4.Gondang Matuh Dumuk (nyalikeun pare)
Upacara Seren Taun dilaksanakeun unggal tanggal 14 bulan Mulud.

Ambu Sri Rumbyang Jati atawa Dewi Sri sok disebut Nyi Pohaci Sanghyang Sri.
Pohaci asalna tina sebutan Pwah Aci anu hartina inti/ acining kaum hawa
(awewe).

Nitenan tina Pantun Lutung Kasarung, jumlah Pohaci teh aya 40, sok biasa di
aleukeun ku Juru Pantun : "leut dewata opat puluh, pohaci opat puluh....."
diantarana :
Pohaci Terus Rarang (ngaran pare keur sumihung)
Pohaci Rambat Rarang (ngaran pare bijil akar)
Pohaci Lencop Herang (ngaran pare keur jumarum)
Pohaci Lencop Hirup (ngaran pare keur tumuwuh)
Pohaci Lenggang Herang (ngaran Pare keur cumanggah)
Pohaci Lenggok Maya (ngaran pare keur kumala)
Pohaci Pencar Hirup (nu miseuweu memeh reuneuh)
Pohaci Naga Gini (ngaran pare keur kumisi)
Pohaci Jayang Gana ( liwat beukahna nepi ka repat)
Pohaci Jayang Gini ( ngaran pare keur tungkul ngeusi)
Pohaci Tenjo Maya (ngaran pare beuneur hejo)
Pohaci Pangdurat Sari (ngaran pare beurat sangga)
Pohaci Lenggok Kuning (ngaran pare keur konengna)

Pangna Pohaci Sanghyang Sri sakitu dihormatna, sigana aya pakait jeung
kapercayan karuhun jaman baheula, nyaeta kapercayaan nu diagem harita (bisa
jadi Hindu Budha nu diadumaniskeun jeung ageman lokal harita).

MSasmita
Sumber bacaan : Sanghyang Raja Uyeg/Arthur S Nalan/HUP/2000
Simbol Artefak Budaya Sunda/Jakob Sumardjo/Kelir/2003
















------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke