Kang Gunawan Yusuf,....tah geuning aya artikel artikel Ciptagelar anu di posting ku Kang Hasan (Kang MH) katingal eta ge lengkep. Nu aya di abdi mung dua buku nyaeta Kapung Adat,Rumah Adat di Jabar/Disbudpar Jabar/2002 sareng buku Sanghyang Raja Uyeg/Arthur S Nalan/HUP/2000. Dina buku anu kahiji mah bahasanana teu pati nyosok jero, da anu dibahasna aya sababaraha Kampung Adat nu aya di tatar Sunda, katingalna langkung ditujukeun kanggo kaperyogian Pariwisata. Ari buku anu kadua mah langkung teleb da memang eta teh karya Bapa Arthur S Nalan (Pengajar di STSI Bandung, asana urang Majalengka, dina buku Apa Siapa Orang Sunda ge aya)nu eusina ngungkab Teater Rakyat Uyeg nu sok dipidangkeun sateuacan acara Seren Taun. Ngawitanana Uyeg dianggap pertunjukan sakral kumargi didinya digelar carita Sri Langlang Bumi, nu aya kakaitanana sareng tradisi nga-gaib-keun pare di masyarakat Pancerpangawinan nu dianggap penerus tradisi Pajajaran, kaayeunakeun tos langkung terbuka da dipidangkeun teu husus dina acara seren taun tapi sering dipidangkeun dina pertunjukan teater sepertos anu sanes mung tetep aya dina koridor folklore.
Kang Gun...sareng baraya sadayana bilih aya nu peryogi ieu aya alamat penerbitna buku Sanghyang Raja Uyeg: Humaniora Utama Press Jl Rambutan No.11A Bandung 40114 Tlp 022-7206690 (abdi teu acan nyobian nelepon ieu nomer) MSasmita --- Gunawan Yusuf <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Ua Sas sareng wargi Kusnet aya nu terang, kaayaan, adat istiadat, budaya, sajarah Kampung Adat Ciptagelar Cisolok Sukabmi? Mangga diantos pedaranana ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70 http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

