Ua Sas sareng wargi Kusnet aya nu terang, kaayaan, adat istiadat, budaya,
sajarah Kampung Adat Ciptagelar Cisolok Sukabumi ?
Mangga diantos pedaranana
----- Original Message -----
From: "MSasmita" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[EMAIL PROTECTED]>
Sent: Monday, August 02, 2004 7:56 PM
Subject: [Urang Sunda] Pohaci Sanghyang Sri


> Pare, keur Kampung Adat Ciptagelar Cisolok Sukabumi, kacida
dipikahormatna,
> malah sok di"gaib"keun, harti digaibkeun didieu meureun sarua jeung
> di-sakral-keun, beda jeung pepelakan sejena, pepelakan anu sejen mah prah
we
> saperti pepelakan biasa.
> Dina unggal taun sok diayakeun kariaan/ upacara nu disebut Seren Taun,
> nyaeta upacara keur ngahormat Ambu Sri Rumbyang Jati (Dewi Pohaci
kasuburan
> pepelakan hususna pare) jeung Sang Ayah Hyang Guru Bumi (Dewa Kesuburan
> Tanah).
> Dina ieu upacara Dewi Sri kacida didama-damana, dipihormat.
> Saencan upacara Seren Taun sok diayakeun upacara samemehna nyaeta disebut
:
> 1.Makajangan, Godang Pupulur (ngayakeun susuguh)
> 2.Gondang Balabar (mager pare)
> 3.Gondang Papag Pasang (nyampeur ngahiap pare)
> 4.Gondang Matuh Dumuk (nyalikeun pare)
> Upacara Seren Taun dilaksanakeun unggal tanggal 14 bulan Mulud.
>
> Ambu Sri Rumbyang Jati atawa Dewi Sri sok disebut Nyi Pohaci Sanghyang
Sri.
> Pohaci asalna tina sebutan Pwah Aci anu hartina inti/ acining kaum hawa
> (awewe).
>
> Nitenan tina Pantun Lutung Kasarung, jumlah Pohaci teh aya 40, sok biasa
di
> aleukeun ku Juru Pantun : "leut dewata opat puluh, pohaci opat puluh....."
> diantarana :
> Pohaci Terus Rarang (ngaran pare keur sumihung)
> Pohaci Rambat Rarang (ngaran pare bijil akar)
> Pohaci Lencop Herang (ngaran pare keur jumarum)
> Pohaci Lencop Hirup (ngaran pare keur tumuwuh)
> Pohaci Lenggang Herang (ngaran Pare keur cumanggah)
> Pohaci Lenggok Maya (ngaran pare keur kumala)
> Pohaci Pencar Hirup (nu miseuweu memeh reuneuh)
> Pohaci Naga Gini (ngaran pare keur kumisi)
> Pohaci Jayang Gana ( liwat beukahna nepi ka repat)
> Pohaci Jayang Gini ( ngaran pare keur tungkul ngeusi)
> Pohaci Tenjo Maya (ngaran pare beuneur hejo)
> Pohaci Pangdurat Sari (ngaran pare beurat sangga)
> Pohaci Lenggok Kuning (ngaran pare keur konengna)
>
> Pangna Pohaci Sanghyang Sri sakitu dihormatna, sigana aya pakait jeung
> kapercayan karuhun jaman baheula, nyaeta kapercayaan nu diagem harita
(bisa
> jadi Hindu Budha nu diadumaniskeun jeung ageman lokal harita).
>
> MSasmita
> Sumber bacaan : Sanghyang Raja Uyeg/Arthur S Nalan/HUP/2000
> Simbol Artefak Budaya Sunda/Jakob Sumardjo/Kelir/2003
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke