basa acara anugrah budaya kota bandung, gigireun, si Ua Sas ngobrol sareng Abah Us Tiarsa. Uplek. Palebah nyaritakeun soal basa Sunda, abah Us nyarios, "Basa Sunda mah basa nu pangdipikasieuna sadunya. Loba jalma nu sarieun salah makena."
Ras inget kana hutang, eh, salah, kana pangalaman batur atawa dina sababaraha acara nu kungsi katungkulan. enya, loba jelema, US, nu terus nyarita basa endonesya sanggeus ngucapkeun kalimah nu nunjukkeun yen basa Sunda teh basa nu dipikasieun, nepi ka sasadu heula, moal make basa Sunda, sieun salah. haha. mj http://geocities.com/mangjamal

