Hahahah... Enya, ceuk cohagna mah urang Sunda teh euweuh kawani (sawareh).
Bakat ku borangan, nyarita make basa Sunda di Tatar Sunda ge tara ludeung.
Mangga bae ilikan di mol-mol, atawa di tempat2 karamean anu rada 'undak',
urang bakal jarang manggih basa Sunda. Padahal, mun urang daek, nu di mol2
teh da loba urang Sunda keneh, sarta barisaeun basa Sunda. Kari urangna
sabenerna mah, naha rek dipake atawa moal eta basa Sunda teh? Mun erek, sok
geura jangji dina jero hate, yen ti semet ayeuna, sabisa-bisa, salila di
Tatar Sunda mah aing rek nyarita ku basa Sunda ka saha bae. Erek make basa
Inggris atawa basa Mandarin atawa basa Indonesia, mun memang meleg2 nu
diajak nyarita ku urang teu bisa basa Sunda (komo mun keur jadi guide turis
asing mah, hehe..). Sanggup? Henteuuuuuuuu............. Heuheu...

Sigana, basa2 di Indonesia teh memang geus bener2 kari sahoseun. Daek teu
daek, kusabab kaayaan bangsa anu ngahiji tea, anu teu bener2 ngarojong kana
dipiarana basa2 indung, basa urang bakal kagusur ku basa nasional. Atuh da
naon coba ajenna basa2 urang? Aya soteh ajenna, ukur pikeun para panalungtik
basa...

Tapi, pesimis teuing sigana mah nya? Heheh... Sok atuh, saha nu boga
pamanggih?

On 11/29/06, Budyana Yogaswara <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Enya nya ... asana mah bener pisan tah, da kuring ge rumasa sok sieun
make basa sunda teh, tapi ieu teh lain euweuh alesanana, aya, malah rada
panjang alesan teh, bakat ku panjang jadi we sieun nuliskeun make basa sunda
na ge ... hehehehe

Kirim email ke