janten urang suda teh masih aya? mun basana geus dianggap hese atawa teu wani
makena meureun urang sunda teh ngan tinggal ngaran wae nya? tapi ketang teu
ngabibisani da geuning pun alo ge boh nu cicing di tatar sunda sok komo deui nu
ka luar ti tatar sunda geus teu bisa deui nyarita dina basa sunda ceuk cenah
mah kulawarga urang sunda memang teu jiga kulawarga suku jawa nu lewih geten
kana basa jeung tatakramana... jigana ka hareup mah urang sunda bakal kursus
basa sunda ka kang miki atawa ka bangsa deungeun lianna nu masih geten tur
heman make basa sunda... euleuh....??? sok geura mang jalam atatapi ua sas
geura geura muka kursus basa sunda ...
dmar
mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
--- mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> basa acara anugrah budaya kota bandung, gigireun, si Ua Sas ngobrol
> sareng Abah Us Tiarsa. Uplek. Palebah nyaritakeun soal basa Sunda, abah
> Us nyarios, "Basa Sunda mah basa nu pangdipikasieuna sadunya. Loba jalma
> nu sarieun salah makena."
kalimah "Basa Sunda mah basa nu pangdipikasieuna sadunya. Loba jalma nu
sarieun salah makena.", lamun ditarjamahkeun sacara bebas mah, saenyana
bisa ngandung harti kieu, "loba jalma nu teu pati 'gableg' kawantun
nyarita ku basa sunda." atawa leuwih jentrena deui mah, maksud eta
kalimah teh sarua jeung kieu, "loba jalma borangan, ngeplek jawer ngendar
jangjang, sieun salah nyarita ku basa sunda." padahal mun enya oge salah,
da moal aya nu ngadengda. sugan kitu oge, hahaha.
> Ras inget kana hutang, eh, salah, kana pangalaman batur atawa dina
> sababaraha acara nu kungsi katungkulan. enya, loba jelema, US, nu terus
> nyarita basa endonesya sanggeus ngucapkeun kalimah nu nunjukkeun yen
> basa Sunda teh basa nu dipikasieun, nepi ka sasadu heula, moal make basa
> Sunda, sieun salah.
nitenan padungdengan dina ieu milis, jeung milis barayana, jigana geus
jadi hiji TREND, lamun aya baraya anyar uluk salam silaturahmi, sok aya
wae embohna, sasadu: "punten bilih basa sundana kirang merenah" cenah.
teuing ieu sikep teh hade atawa heunteu. ngan wae sacara implisit
ngagambarkeun KAHARIWANG atawa KASIEUN nyarita basa sunda nu kurang
merenah tea. teuing naon kasang tukangna. boa-boa, jauh di bawah sadarna,
salah larap ngucapkeun basa sunda teh dianggap dosa gede. mun enya kitu,
meureun eta kasieun teh geus jadi panyakit psikologis, perlu psikiater
pikeun nambaanana. meureun kitu oge, hehehe.
salam,
mh
___ _ _ _ ___ ____ ___/ __| |_ _ _ __| (_)___| __|__ / _ \\__ \ _| || / _` | /
_ \__ \ / /\_, /|___/\__|\_,_\__,_|_\___/___//_/ /_/
__________________________________________________________
Do you Yahoo!?
Everyone is raving about the all-new Yahoo! Mail beta.
http://new.mail.yahoo.com
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com