ari musnah mah moal jigana basa sunda teh ngan 'robah wanda' da geuning mun 
ngabandungan majalah mangle we nu taun 1970an tug nu taun 2000an asa tos seueur 
pisan robihna boh istilah2na boh gaya na... meureun nu disebut 'musnah' teh 
basa sunda nu wanda na ceuk ukuran hiji waktu/masa nu tangtu, komo nu disebut 
urang sunda mah katingalna mah tong hariwang da nu dumuk di pilemburan sunda 
masih aya tur cumarita dina basa sunda... ngan lebah buku2 basa sunda tah 
kacida pisan kurangna... da meureun nu nulisna ge geus kurang.... sok komo 
usaha pamarentah mupujuhkeun basa jeung sastra sunda sok sanajan aya perda na 
tapi da jigana teh hare-hare hirup we sakadang pamarentah daerah teh (oge 
klebet DPRD na) boh provinsi jawa barat boh pemda2 kab/kota di tatar sunda 
lianna... asa teu katingal hojahna.... dina ayana ge ngan ukur purwa kadenda 
mangrupa 'proyek' nu biasana dibancakan keun..
   
  dmar

datiparang <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          ti kamari pananya kieu kukulintingan jero uteuk.... saprak di milis 
ieu rame (deui) madungdengkeun basa sunda bakal musnah... naha enya basa sunda 
bakal leungit sanajan balatak keneh urang (nu ngaku-ngaku) sunda, naha enya 
urang sunda bakal leungit lamun basa sunda geus euweuh deui nu make? 

jadi mikir jiga hayam jeung endogna... naha basa atawa urang sunda heula nu 
bakal musnah? atawa babarengan leungitna kitu?

dh

  On 11/29/06, dede mariana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:            
  janten urang suda teh masih aya? mun basana geus dianggap hese atawa teu wani 
makena meureun urang sunda teh ngan tinggal ngaran wae nya? tapi ketang teu 
ngabibisani da geuning pun alo ge boh nu cicing di tatar sunda sok komo deui nu 
ka luar ti tatar sunda geus teu bisa deui nyarita dina basa sunda ceuk cenah 
mah kulawarga urang sunda memang teu jiga kulawarga suku jawa nu lewih geten 
kana basa jeung tatakramana... jigana ka hareup mah urang sunda bakal kursus 
basa sunda ka kang miki atawa ka bangsa deungeun lianna nu masih geten tur 
heman make basa sunda... euleuh....??? sok geura mang jalam atatapi ua sas 
geura geura muka kursus basa sunda ... 
   
  dmar  








  

         

 Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

Kirim email ke