ti kamari pananya kieu kukulintingan jero uteuk.... saprak di milis ieu rame
(deui) madungdengkeun basa sunda bakal musnah... naha enya basa sunda bakal
leungit sanajan balatak keneh urang (nu ngaku-ngaku) sunda, naha enya urang
sunda bakal leungit lamun basa sunda geus euweuh deui nu make?

jadi mikir jiga hayam jeung endogna... naha basa atawa urang sunda heula nu
bakal musnah? atawa babarengan leungitna kitu?

dh

On 11/29/06, dede mariana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  janten urang suda teh masih aya? mun basana geus dianggap hese atawa teu
wani makena meureun urang sunda teh ngan tinggal ngaran wae nya? tapi ketang
teu ngabibisani da geuning pun alo ge boh nu cicing di tatar sunda sok komo
deui nu ka luar ti tatar sunda geus teu bisa deui nyarita dina basa sunda
ceuk cenah mah kulawarga urang sunda memang teu jiga kulawarga suku jawa nu
lewih geten kana basa jeung tatakramana... jigana ka hareup mah urang sunda
bakal kursus basa sunda ka kang miki atawa ka bangsa deungeun lianna nu
masih geten tur heman make basa sunda... euleuh....??? sok geura mang jalam
atatapi ua sas geura geura muka kursus basa sunda ...

dmar

**

Kirim email ke