--- In [email protected], Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Kaayaan Sindangbarang waktos harita, masih hejo ngemploh, margi titungtung kaler dugi ka tungtung kidul nya kitu deui katungtung wetan, rata-rata payuneun sareng pakarangan bumi teh seueur tatangkalan, kayaning rupi-rupi tangkal manggah, tangkal kadongdong, tangkal lobi-lobi, tanggkal jambu batu, jambu samarang sareng sajabina.
Euleuh matak pikabitaeun, Apih. (Sok hayang jadi jalma sakti. Ngadon nganjang ka kamari. Hehehe...). Nanging, aya sabaraha hal nu teu nyambung sareng uteuk abdi: jambu samarang (naha ieu teh sapertos jambu batu atanapi jambu aer?), nam nam (asa nembe nguping aya mahluk Gusti nu ku urang Sunda, paling heunteu di Sindangbarang, disebat nam nam. Sakaterang mung "henam". Bari teu terang naon hartosna nu paheut. "Henam geura ka cai. Geus beurang"). Oge buyutuk. Nu kumaha ieu buyutuk teh, Apih? Punten cerewed, Apih. Bongan hoyong terang. Mugia ulah kirang-kirang ngahapunten. Baktos, Pun Maman

