--- In [email protected], Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
>
>   Ngasakkanana, tiasa dibeuleum sapertos hurang, tiasa di goreng, 
mung anu pangraosna diangeun haseum, namung haseumna ulah nganggo 
cuka, calingcing atanapi careme, raosna kanggo haseumna ku kembang 
lampeni, cengekan sacekapna supados rada lada.
>    

Upami ngangge sereh mah sapertos tomyam tea panginten, Apih, eta 
angeun kuyukut teh? 

Leuh, mani mundeul yeuh wawanohan teh. Janten gaduh gambaran 
ngeunaan namnam oge kuyutuk. Nanging aya keneh nu teu acan terang, 
Apih: lampeni. Na nu kumaha lampeni teh? Nguping soteh aya tempat 
namina Cilampeni. Pedah, di dinya, seueur lampeni panginten, nya? 
(Sakapeung pabaliut sareng kumpeni. Hehehe...). Tah, nu kumaha 
lampeni teh, Apih?

Ulah bosen ngahapunten. Tetelepek teh, lian ti keur soranganeun, 
bane bae pedaran Apih teh tangtos iasa ngagambarkeun alam sareng 
kahirupan Pasundan harita. Bari sanes ceuk cenah.

Baktos,
Pun Maman

Kirim email ke