Soal cai jeung kamar mandi

 

Kamer mandi di luar imah, sabab baheula mah can kapikir ngalirkeun cai ka
jero imah make paralon nyieun kamer mandi di jero, sabab ayana anggapan yen
kamer mandi area kotor tea. Dina  ayana  cai nu disalurkeun make awi nu
bukuna dipolongoan, teu nepi ka nyieun kamer mandi di imah tapi ngan ka
tempat mandi. Tukangeun/gigireun imah. 

 

Ayana balong dianggap penting dina bumen2 US, sabab balong eta paranti
kukumbah parabot dapur jeung sajabana. Praktis meureun. Malah bisa jadi daur
ulang tea. Kadaharan nu nyesa2 tina piring dipiceun ka balong, dituang ku
lauk, laukna dihakan ku urang. Tibalik? Ngahaja.

 

Hirup jeung imah model kitu sigana ngan mungkin di pilemburan, di kota mah
teu bisa sigana. Tapi rumah makan sunda sok ngusahakeun ayana balong, sabab
asa can nyunda. Siga rumah makan panineungan dago atawa sari sunda di
sukarno hatta bdg, sindangreret deukeut gasibu atawa nu di ciwidey oge
lembang. Nya model balong hias kitu, aya lauk kancra, jsb. 

 

Kabiasaan ngojay di walungan atawa di balong ayeuna diawetkeun ku cara
ngeueum dina bathtub tea. Heurin memang tapi lumayan. Tapi aya oge nu
nyieuna rada lega. Di amrik mah bathtub make sagala rupa alat sangkan
ngeunaheun, make mesin nu bisa nyieun ombak atawa air deras tea, asana
jacuzzy ngarana. Oge tempat mandi di kamer, shower tea, ku sabab kamer mandi
sok baraseuh jibreg, antukna nyieun shower nu sakurilingna ditutup kaca.
Jadi cai teu ngulampreng kamana-mana. Model pancuran di lembur, dipake deui
ku cara masang pancuran dina tembok luhureun sirah (eta nu disebut shower
sabenerna).

Ku sabab baheulan mandi di balong, nya di kamer mandi kudu aya balong, ngan
kusabab heurin, jadi ngan ukur bak.

 

Enya, baheula mah, dina konsep wangunan tradisional, dapur jeung kamer mandi
dianggap area kotor. Sabab salian ti memang pikeun miceun nu kotor atawa
beberesih (kamar mandi), oge dapur, pikeun tempat hawu, nu make suluh jeung
tangtu bagean eta jadi kotor. Haseup ngabring kamana-mendi. Bilik sok jadi
hideung ditabrak haseup tina hawu.

 

Ari parabot geus robah mah, alatan ayana teknologi, nya dapur jeung kamar
mandi bisa beresih. Model dapur modern nu ayeuna diparake ku urang kota oge
sawareh geus nerap ka lembur, komporna make gas, masak bari nangtung, eta
hasil panalungtikan taun 50an dimimitan di jerman. Sabenerna mah rada kurang
pas dipake persis di urang, sabab model papasakanana beda. Bule mah teu loba
gurang-goreng, duka pedah geus goreng duka hese minyak kalapa. Jeung
maranehna mah masak sok saeutik, pas saharitaeun, ongkoh loba kahadaran nu
siap hakan, malah apan roti, kadaharan utamana, teu kudu dipasak deui siga
kezzo di urang.

Kulkas geus wajib aya di unggal dapur batur mah. Gudang kadaharan tea. 

 

Ayana microwave ayeuna geus bisa ngaringkes sababaraha cara masak, gancang
jeung praktis.

 

Kamer mandi urang kota,  oge geus make alat pemanas cai tea, boh nu make
listirk, gas -merekna nu apal, paloma ataa gainsborough- atawa tanaga
panonpoe nu alatna sok ngadaplok dina kenteng. Jelema ayeuna sigana teu kuat
ku tiris sabab iklim geus leuwih panash. 

 

Kirim email ke