Di Cipanas Garut, dina mangsa tilu bulan kaliwat, ngilu sare di Sumber Alam.
Saacan nepi ka Sumber Alam, asana beh dieuna saeutik,harita keur dibangun hiji 
hotel, nu gayana make Imah Padang, nu rancung siga tanduk munding (kabau, 
kerbau). Mimiti mah rada hanjelu, naha di "lembur kuring" bet diwangun gaya 
siga kitu, kawas euweuh model lembur sorangan, tapi sanggeus dipeper mah, 
meureun anu boga modal teh urang peuntas, nu nyimpen duit di lembur kuring, teu 
halangan rek nyieun model kumaha oge, pek teh teuing. Da urang lembur kuring 
mah teu bogaeun duit keur modal, aya nu boga modal tapi nyieunna teh siga model 
ti mana boa (kitsch tea meureun), tadina ambih disebut gaya, padahal deet 
pisan, ngan saukur titiron.

MSasmita
  ----- Original Message ----- 
  From: mj 
  To: [email protected] 
  Sent: Wednesday, March 07, 2007 4:18 PM
  Subject: RE: [Urang Sunda] Tina Paguneman SIMPAY


   

  Utamana urang garut mah teu kudu lieur, teu kudu nyieun malah. Nyewa we di 
cipanas garut. Contona hotel Sumber Alam. Rada lumayan, siga imah Sunda buhun. 
Sanajan ngan ukur dina cara make matrial. Make hateup bahan injuk, sabagian di 
luhureun balong. Jaba aya kolam renang haneut. Heuheu.

   

  Ngan eta aya ngaran hotel nu  rada aneh. \ hotel Tirta Gangga.  Naha bet kudu 
mamake walungan di India sagala? Atawa nu bogana turunan India kitu?

  Walungan Gangga rada identik jeung Hindu. Malah cenah, walungan eta dianggap 
suci pikeun urang Hindu India. Padahal mah make ngaran hotel Cikuray, atawa 
ngaran walungan di garut.  Hotel Papandayan di jl. Gatsu bdg, alus tah.

   

  Nu antik pisan, Kampung Sampireun tea. Dina jinis hotel mah KS kaasup kelas 
hotel Butik. Saeutik kamerna, tapi mahal pisan, sabab eksklusif. Eksklusifna 
kumaha?

  Eta, maka model imah buhun, matrialna, jeung sajabana. Sisi situ deuih. 

   

  Tapi ari geus aya mah waragadna, nya nyieun model imah antik sunda, pikeun 
villa, di lembur singkur. Kungsi manggih model imah kitu, rek asup ka cipanas 
puncak, oge di banjar. Cenah mah nu inohong jakarta. Siga yankee baroga 
logcabin atawa loghouse tea, imah nu dingdingna tina tangkal golondongan (log), 
jaman koboy tea. Mun batur baroga ranch, urang mah make sawah jeung kebon. 
Ranch ge ketang hade, meri atawa domba. Haha.

   

  Lahan heureut? Nyieun imahna luhureun balong, jadi imah boga, balong aya. 
Hehe.

   

  Mj

  Can boga imah, gambarna mah geus loba dina sirah. haha

  ----

  Iraha kuring boga imah aya balongan, aya balong saeutik. Tagog "gogog", aya 
goah, pokokna siga bareto...ah romantis. Hese kiwari mah. Komo lahan ngan 60 m 
mah. kumaha rek nyieun balong jeung tepas, dalah keur sakalieun narima semah 
anu meuting ge hese. Buktina, kang Runa. boro2 bisa di kamarkeun, da teu aya. 
  hehe
  baktos
  tantan

   

Kirim email ke