Teh roro sabaraha kilo, tah? totalna janten sabaraha rebu? Hoyong meser yeuh. Heu heu heu, heureuy ieu mah. Ih, ni tiasaan nyelokna * 1kg manggu x Beurat Salira abdi = Pangaos manggu* heheh. Dina iklan TiPi ge kangge istri mah pamali pisan pami uar-uar BS teh* janten moal dipasihan terang*pokonamah "proporsional" weh*heuheu. Tapi ari jangkung mah mangga, 168cm. Eta teh rengking 3 di bumi mah*da kumaha citakanana* pararanjang.
Telkom Risti mah di Jl. Geger Kalong, sanes di Jl. Japati. Aeh, muhun sok pagentos wae*asa teh RisTi mah di Japati. Sakapeungmah pami salse dinten Minggu, sok ngadeuheus ka ditu ngiringan ceramah Ust. Aam-Percikan Iman*raoseun tiis deuih seueur tatangkalan di dinya mah. Biasa teh, waktos rehat, cai kopi sareng kuehna dicandak sareng disimpen dina luhur meja caket komputer supados tiasa muka email (serelek?). Oh, nuju rehat*cik atuh Kang, Kopi & Kuehna "di-share" kadieu geura hihih...Abdi mah sok tara kaur pami aya emameun cakeut komputer teh, panangan bade nyepengan mouse ge, tisoledat deui*tisoledat deui... kana tuangeun na piring, janten mending diseepkeun heula tuangeunana nembe ngoprex. Serelek? Surelek panginten*serelek mah kanggo hordeng heuheu... Pun Asep ro2

