> From: "mj" <[EMAIL PROTECTED]>
> Mohahamad yamin urang sebrang nu aneh pisan, ngefans berat ka gajah mada.
> Cek cenah alatan hayang kapake ku gegeden nagara nu urang jawa. Haha.

Cenah, aya nu boga pamadegan yen Gajah Mada teh sabenerna urang sabrang, 
tepatna Urang Minang. Duka data timana eta teh. Yamin sigana mah ka obsesi 
pisan ku Nasionalismeu Indonesia. Kuring boga peta sajarah Indonesia meunang 
Yamin, ku anjeunna wilayah Majapahit teh "dijieun" kacida legana, malah 
leuwih lega tibatan Indonesia. Waktu para arkeolog di Trowulan manggihan 
gerabah nu bentukna sirah jalma, ku Yamin langsung dianggap eta teh 
beungeutna Gajah Mada. Padahal, cenah mah eta teh cengcelengan jaman 
Majapahit da kapanggih loba pisan. Lamun teu salah di Majalah Tempo baheula, 
kungsi aya nu nyindir ka Yamin, pedah rurupaan cengcenglengan eta teh rada 
ngaharib-harib jeung pameunteu Yamin ...hehehehe. Nu nulis lain jalma 
jore-jore, urang Sunda, lah ...hilap deui namina mah, tapi salah sawios 
intelektual Nasional.

Baktos.
WALUYA

 

Kirim email ke