Ari ceuk kuring mah justru tibalik, Kang... Eta sepuh anu nyarita make kecap 'paeh' jeung 'ngakan' (tina 'ngahakan') teh cenah justru anu pituin basa Sunda, da undak-usuk mah asal-usulna ngadopsi tina undak-usuk basa Jawa jaman dijajah Mataramna Sultan Agung. Anu teu marake undak-usuk teh biasana mah urang Sunda anu jauh ti puseur dayeuh kamenakan Sunda mangsa Mataram, misalna urang pagunungan, pakidulan, atawa pakaleran.
Pikeun conto bae, sigana Kang Iwan kedah maca buku Rusdi & Misnem anu medal kira taun 1920-an, anu nyaritakeun kahirupan urang Sunda pagunungan (mun teu salah wewengkon Garut). Ulah kaget mun salira bakal mendakan yen kekecapan atawa basa anu dipake dina eta buku karasa kasar, da memang basa Sunda mah kitu ayana. Anu langkung tebih, mangga cobi aos salinan naskah2 Sunda kuna... On 8/29/07, iwanstn <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Anu langkung ngagetkeun mah waktos sim kuring ngobrol sareung sepuh di > lembur eta ku basa sunda naha dugikeun ngalarapkeun kecap "paeh" ka > hiji jalma malah saur pamendak sim kuring mah rupina jalmi luhung da > gelarna oge haji. Aya deui cariosan sepertos kieu: " Naha nya urang > kamari balik kaimah ujug teu bisa leumpang, asa beurat suku teh > padahal da teu ngakan naon-naon". Ieu cariosan teh di kedalkeun ku > hiji sepuh. Tidieu tangtos tiasa di tarik kasimpulan, ti kawitan iraha > basa sunda teh ngawitan molorot tina ngalarapkeun undak usuk basa dina > kahirupan sapopoe. > -- sikandar kumincir.blogspot.com

